> From: ely evalita
>  Upami maksakeun, contona  kang Waluya guru fisika, atuh hasilna oge upami
> nga reply pasti seueur lepatna, margi
> emutanana pagunyeng-gunyeng sareng kumaha carana ngatur risiko dapur,
> artina daya nalarna katutupu ku kasusah, atuh
> nya replyna oge sahabekna we duka kamana arahna, anu penting aya we, anu
> penting kang Waluya posting, padahal sacara > teu sadar kang engke nuju
> ngawulang murid oge pikiranana kangganggu, dina pikran kang Waluya nuaya
> ngan "kumaha
> carana ngareply Ely nu baong, nu calutak". Komo pangkat dosen mah moal aya
> anu kersa ngaluangkeun waktos muka
> atanapi maca milist model kieu, upami aya tiasa dipastikeun eta dosen nuju
> prustasi atanapi bade kehilangan existensina, > bahasa kerenamah menuju
> "Post power sindrom"

Huss.......naha make mamawa kuring sagala? Keur di imah ieu teh, bari
nungguan tukang, ngomean nu bocor. Saur saha kuring guru fisika? .....
baheula mah heueuh keur mahasiswa, guru fisika jeung bimbingan test. Ayeuna
mah ..... ah teu kudu dibejakeun, eta mah urusan sewang-sewang.
Pangangguran? .....anggap we nu resep millis-millisan jeung nu resep ngusep,
ngajejentul hareupeun balong. Kabeneran kuring mah teu resep nguseup, nu
resep teh tulas-tulis, make basa sunda. Geus kolot kuring mah Teh Ely
....... cape lamun terus-terusan kudu mikiran ...duit...duit, moal enya
hirup teh kudu dijajah "duit". Sakali-sakali ........hayang oge "hog-hag"
jiga barudak ngora .....

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke