Lamun cai na loba tipeureu-an, disaring make ieu alus teu nya kang?
On 1/17/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngahaja dina gambar mah ku kuring teu ditingalikeun posisi areng batok kalapa disimpenna di palih mana heuheuheu...meh panasaran we... Dibandingkeun jeung keusik, koral, oge injuk, jumlah areng batok kalapa nu dianggo leuwih saeutik. Da fungsina pikeun nyerep warna jeung bau ieuh, jadi saeutik weh. Tapi, mun rek seueur oge teu nanaon, eta leuwih alus, meureun...Kulantaran saeutik eta, ku kuring ngahaja teu digambarkeun. Sabenerna mah, urutan tumpukan keusik, koral, injuk oge areng batok kalapa bisa we dimodifikasi, sakasuka urang sorangan. Kalayan ngilo sababaraha "pertimbangan teknis". Nu aya dina gambar kiriman kuring, eta mah husus pikeun saringan keusik nu aya di sasaungan kuring. Bener aya nu kaliwat kagambarkeun. Pangluhurna ditambahan deui ku tumpukan injuk supaya keusik teu muncrat kamana mendi lantaran "gorojog"-na cai tina kompa. Ari areng batok kalapa mah, mendingan disimpen luhureun keusik atawa dicampur oge sareng keusik teu nanaon. Ngan tong disimpeun handapan keusik, komo handapeun koral mah, bisi arengna bubuk. Kitu meureun...susuganan mangpaat... Baktos, OTA *** Ngahaja deui ku kuring teu digambarkeun sakumaha kabutuhan keusik, koral, injuk katut areng. Oge teu digambarkeun sakumaha luhurna eta mangkeluk (keusik jsb.) dina toren. Heuheuheu... Areng kalapana teh disimpen di luhureun anglo. Teras sundut , geberan dugi ka ruhay. Parantos ruhay , tiiran potongan daging domba . Tong arageung teuing motong dagingna teh......, teras na mah ... tangtos bakal terang nyalira... Heu.heu.heu Hilap panginten kang Ono na. Rarusuh nyambut padamelan. Salam * Taufik <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Ari areng batok kalapana disimpen palih mana ? diluhureun keusik atanapi dihijikeun sareng injuk…? ------------------------------ *From:* [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] * Sent:* 16 Januari 2007 16:15* To:* [EMAIL PROTECTED] Subject:* [Urang Sunda] Pangalaman Kuring Geus lila kuring teu ulubiung deui ngawangkong di ieu milis. Puguh pakepuk bae ku paculeun... Ayeuna alhamdulillah rada nyalse, ngan bingung rek nulis naon ka milis teh. Atuda macaan postingan ti baraya kusnet, meuni sakitu numpukna, teu karampa inti pasoalannana, nu antukna jadi hoream heuheuheu... Ieu mah rek nyaritakeun pangalaman kuring bae ah. Pangalaman kuring sababaraha waktu ka tukang. Nalika kuring nyieun hiji konsep penerapan teknologi tradisional pikeun nyumponan cai pikeun nginum nu bersih tur sehat. Sakumaha ku kuring pernah dicaritakeun di ieu milis yen cai di sasaungan kuring teh kurang bersih, bau beusi jeung leutak, jeung sajabana...Mun diukur TDS-na jigana bakal nepika 1000 ppm mah. Meureun... Ku kuring ditarekahan kalayan ngagunakeun saringan tradisional nu eusina keusik, koral katut injuk. Ditambahan ku areng batok kalapa minangka active surfactant agent-na. Alhamdulillah hasilna alus. Cai teh jadi bersih tur teu bau deui. Dua minggu kaliwat, ku kuring diala sample-na 5 botol 150 mL, rek diukur ka lab. Heuheuheu...hasilna matak nyugemakeun. Tina 5 botol sample eta, ngan hiji nu ngabogaan TDS 200 ppm. Sesana mah (opat botol deui) ngabogaan TDS kurang ti 200 ppm. Rata-ratana mah 170 ppm. Ku kuring dibandingkeun jeung sample cai ledeng ti PDAM Subang, nu singhoreng sanggeus diukur di lab TDS-na 350-400 ppm. Malah cenah, ceuk si analis lab, TDS cai ti PDAM Subang mah kungsi nepika 500 ppm. Salian ti eta, ku kuring dibandingkeun oge jeung kualitas "air minum kemasan" kayaning merk 2 Tang jeung Aqua. Air minum kemasan ti 2 Tang mah hade, TDS na ngan 70-100 ppm. Ngan nu ti Aqua nu rada goreng mah, TDS na ampir sarua jeung cai nu dihasilkeun ku saringan tradisional jieunan kuring, nyaeta nepika 200 ppm. Nurutkeun WHO, batasan maksimum TDS air minum nu bersih nyaeta 1000 ppm. Sabenerna mah saringan keusik teh geus teu bireuk deui. Kuring oge apal ngeunaan ieu teknologi tradisional teh ti baheula. Jaman kiwari sabenerna geus rea teknologi nu leuwih canggih pikeun ngabersihkeun cai. Ngan rega (harga) na lumayan awis. Rarasaan mah leuwih ti 6 juta. Di bandingkeun jeung kuring, nu ngan ngamodal kurang ti 1.5 juta, eta teh geus kaasup beaya tukang nu mang masangkeunna. Paling oge nu dibutuhkeun teh, toren 2 siki, keran, paralon 1/2 jeung 3/4 inchi, keusik, koral, injuk jeung areng batok kalapa. Tah, ku kuring ditangkodkeun sketsa gambar sistem saringan keusik nu aya di sasaungan kuring di Cinangsih Subang. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Punten teu disundakeun. Baktos, OTA ,___ Messages in this topic <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/110791;_ylc=X3oDMTM4dmdydmpsBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzExMDg0MARzZWMDZnRyBHNsawN2dHBjBHN0aW1lAzExNjg5OTQ5MDYEdHBjSWQDMTEwNzkx>( 23) Reply (via web post) <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJybmMzN3VqBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzExMDg0MARzZWMDZnRyBHNsawNycGx5BHN0aW1lAzExNjg5OTQ5MDY-?act=reply&messageNum=110840>| Start a new topic <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJldmM2cWNvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTE2ODk5NDkwNg--> Messages<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/messages;_ylc=X3oDMTJlcTg2OWdvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA21zZ3MEc3RpbWUDMTE2ODk5NDkwNg-->| Files<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files;_ylc=X3oDMTJmcTViNGxqBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2ZpbGVzBHN0aW1lAzExNjg5OTQ5MDY->| Photos<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/photos;_ylc=X3oDMTJlMmJyaWFlBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Bob3QEc3RpbWUDMTE2ODk5NDkwNg-->| Calendar<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/calendar;_ylc=X3oDMTJkMWZmamp1BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2NhbARzdGltZQMxMTY4OTk0OTA2> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id [image: Yahoo! Groups]<http://groups.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTJkZDcxbWkwBF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2dmcARzdGltZQMxMTY4OTk0OTA4> Change settings via the Web<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join;_ylc=X3oDMTJmb3I1dmo2BF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3N0bmdzBHN0aW1lAzExNjg5OTQ5MDg->(Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest<[EMAIL PROTECTED]:+Digest>| Switch format to Traditional<[EMAIL PROTECTED]:+Traditional> Visit Your Group <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda;_ylc=X3oDMTJka3U4bGc1BF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2hwZgRzdGltZQMxMTY4OTk0OTA4>| Yahoo! Groups Terms of Use <http://docs.yahoo.com/info/terms/> | Unsubscribe <[EMAIL PROTECTED]>

