mang, aya dua hal nu rekdibandingkeun, sabab papalimpang jeung kanyaho
kuring salila ieu.
1. gambir. salah sahiji batur ngalemar (nyeupah). mun teu salah lain
sarupaning bubuahan, tapi rupana jiga biskuit. duka dijieun tina naon. mun
sikuring teu salah, mang oman jigana pahili jeung jambe.

2. koja asa sanes korang gede. koja mah asa sarupaning kantong, ayeuna masih
mindeng dipake ku urang baduy. dijieunna tina kulit kai.

kitu meureun,
dh

On 1/31/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Nuhun Kang Brad, katarimakeun kintunan teh, malah tos dipariosan. Aya
sababaraha catetan si kuring ngeunaan asal-usul ngaran anu dikintun ku
salira:

1. Mayoritas asal-usul ngaran tempat di Jakarta patali jeung ngaran alam
(walungan, tutuwuhan atawa tatangkalan/flora) oga pakait jeung sajarah/tokoh
anu ngamimitian muka lahan atawa anu boga lalakon. Conto: Cilincing,
Cililitan, Pejambon, Ragunan, jst

2. Catetan khusus: aya dua tempat anu ukur disebut, tapi upama ku urang
gemet dititenan pedaranana, teu aya saeutik oge kalimah anu nuduhkeun
asal-asal ngaran eta tempat. Eta 2 tempat anu dimaksud teh nyaeta: Gambir
jeung Salemba. Ngeunaan Gambir, anu nulis ukur medar sajarahna jeung nataan
kaayaan tempatna boh ayeuna atawa baheula. Pon kitu deui ngeunaan Salemba.
Kacindekanana: eta tulisan, khusus keur Gambir jeung Salemba, henteu ngaguar
asal-usul eta dua aran patempatan di Jakarta.

Gambir, jelas, eta ngaran hiji tutuwuhan anu sok dimanfaatkeun buahna
pikeun nyeupah (ngalemar). Kecap "gambir" atawa aran keur tutuwuhan kitu
sigana asli ti Sunda.

Ngeunaan kecap "Salemba", si kuring teu terang jeung teu boga ideu keur
nerangkeun timana asal-usulna kecap. Manawi nu sanes?

3. Aya sababaraha kecap anu keur si kuring masih muka kamungkinan
aya asal-usul sejen. Conto:
- "Pancoran"--> asal kecap tina kecap Sunda: "pancuran", nya cai anu
dikamalirkeun make awi biasana mah pikeun kaperluan sapopoe.

- "Pejambon"---> naha teu mungkin asalna tina kecap Sunda "pajambuan" anu
hartina tempat anu rea tangkal jambuna. Parobahan tina "pajambuan" jadi
"pajambon" dina basa Sunda eta memang aya aturanana jeung mindeng
dipraktekkeun. Upamana: pakayuan---> pakayon; pakuwuan --->pakuwon,
paguruan--->paguron, jst. Robahna "pajambon" jadi "pejambon" nya wajar
wae diteruskeun ngucapkeunana ku dialek Jakarta

- "Pakayon"--->mungkin anu ieu campuran: tina basa betawi (Indo) anu
diucapkeun ku letah Sunda: pakayuan --> pakayon

- Pekojan---.bisa oge tina asal kecap "koja" nyaeta ngaran wadah
lauk paragi tempat lauk hasil nguseup atawa ngecrik. "Koja" lumayan badag,
anu leuwih leutik disebutna  "korang". Boh koja atawa korang dijieunna
umumna tina awi. DI Bandung aya tempat ngaranna Pasir Koja. Tina "koja" jadi
"pakojaan" jadi "pekojan". Bisa wae,

- Srengseng---> bisa wae asal kecapna tina "Sarengseng" nyaeta ara
sarupa tutuwuhan jenis awi-awian.

- Sundakelapa aslina pake lidah Sunda dong ah: Sundakalapa. Jelas ieu mah
ti jeung jieunan urang Sunda.

- Cijantung--> tina asal kecap "jantung" (cau), nyaeta bagean kembang cau
anu teu jadi buah. Bisa jadi bahan kadaharan anu raos, disayur.

4. Kataji ku asal muasal kecap "Senayan" ngaran tempat anu mashur ayeuna.
Geuningan tina ngaran tokoh nya? Upama nilik kana kasaruanana jeung ngaran
anu make wangsa nu sejenna di Sunda, saperti" Wangsagoparana, Wangsaatmaja,
komo nilik nami kaduana sanggeus kecap "wangsa", eta oge jelas ti wewengkon
Sunda. Bisa jadi Wangsanaya teh masih aya katurunan ti Wangsagoparana,
Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang. Kang Mgt bade zaroh ka Senayan? hehehehe


5. Kusabab kitu, itung-itung tai lutung, tetela ngaran-ngaran patempatan
di Jakarta teh masih loba pangaruh kecap Sunda

Cag heula.

baktos,
manAR

_._,___




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke