pas pisan ieu...kang engkus... rampes...
engkus ruswana wrote: > Sampurasun ka sadaya kidulur sunda, > > Simkuring seja ngawaler ieu patarosan mugia bae aya > gunana kanggo sadayana, supados oge aya kajelasan dina > perkara ieu. > Dina legenda/sasakala Sunda sakaterang simkuring > umumna ngandung siloka nu ngandung palsapah nu > sakedahna diguar ku urang, kamana pamaksudanana. > > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna > tujuhan. > > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu > ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa, > pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, > pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati > manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun > kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja > estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna, > oge mangrupa alat utama pikeun ngalalakon kahirupan di > dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun > harkat jeung martabat dirina. Disebut lelembut sabab > teu katingali, cobi bae nu kumaha wujudna ari > pangawasa (daya)? nu kumaha ari wujud hirup?, nu > kumaha ari wujud awas?, jadi sifatna lelembut (mahluk > halus), nu kunu teu apal mah disebut bae sabangsa jin. > > Sedengkeun Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring (Si > Kuring saur mang Oman tea mah), matak dina legenda > Sangkuriang waktu nyieun talaga jeung parahu > ngagunakeun Guriang Tujuh (naha ngango naon atuh dina > barang gawe mun teu ngagunakeun pangawasa, kadaek, > hirup, dangu, awas, ucap jeung angseu). Pon kitu deui > Mundingaya Dukusumah, waktu neangan Layang Sasaka > Domas nu aya di "sajabaning langit" (sajabaning langit > lain langit, lain bumi tapi nya eta diri badan > sakujur), sanggeus ngelehkeun Guriang Tujuh nya ilang > tanpa karana ngajanggelek jadi Guriang Tunggal (Guru > Hiyang Tunggal = hakekat 7 guru tadi nu utamana mah > kulantaran ayana Hirup). > > Tah ku kituna mugia kang Asep oge dulur kisunda > sadayana, kade ulah mikaijid ka Guriang lamun ijid > ulah dianggo atuh eta tujuh pangawasa nu jadi guru > teh. Oge Sangkuriang ulah dipikaijid da sidik aya > jenung nganyahokeun sarta nyaksi nu ngancik di > sakuringna-sakuringna. Malah geura deuheusan. > > Pedaran simkuring sual panalungtikan harti legenda > Sangkuriang parantos dimuat di Majalah Cupumanik sasih > Januari 2007, mung eta mah versi ringkesna tina > ringkesan nu parantos diedit ku panerbit. versi > ringkesan sim kuring mangga engke dilebetkeun dina > milis ieu, upami lengkepna diperyogikeun nya mangga ku > im kuring oge bakal di pedar di ieu milis. > > Guaran simkuring sual legenda Mundinglaya oge parantos > rengse dipidamel, mung masih versi bahasa Indonesia. > > Sakitu kapihatur ti Simkuring, mugia aya gunana keur > balarea. > > Cag Rampes. > > pun Engkus > > --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > <mailto:aschevetea%40yahoo.com>> wrote: > > > Kahatur para bapa / ibu / akang/ aceuk / ujang / > > nyai anu di milis US, > > > > Upami henteu lepat, guriang sareng sang guriang > > gaduh hartos negatif (awon) sareng dipikaijid. Tokoh > > Sangkuriang gaduh lafal anu ampir sami sareng Sang > > Guriang. Naha aya anu uninga hubungan antawis > > Sangkuriang sareng Sangguriang? > > > > Hatur nuhun sahenteuacanna kanggo katerangannana. > > > > Wassalam, > > Asep > > > > > > --------------------------------- > > Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and > > always stay connected to friends. > > __________________________________________________________ > Don't pick lemons. > See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. > http://autos.yahoo.com/new_cars.html > <http://autos.yahoo.com/new_cars.html> > >

