Asa sering nguping kecap sasaka domas. Dina tembang Cianjuran; upami henteu 
lepat, dina tembang anu judulna "nataan gunung" aya kalimah "cirebon baheula 
sasaka domas". Punten, dupi sasaka domas teh naon maksadna?

Wasalam,
Asep



engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Kadinya tiasa kang mung pangatosanana yen pancerna
 dunya teh nyaeta diri. Nu hartosna yen watesna arah
 angin kaler-kidul-kulon-wetan, luhur-handap teh nyaeta
  ceuk diri. Cobi bae pami diri urang nuju di lembang,
 nyebat Gedong Sate teh aya di kidul, tapi pami diri
 nuju aya di dayeuh kolot Gedong Sate dituduhkeun teh
 aya di kaler. Kitu oge pami nuju naek kapal udara mega
 teh aya dihandap, tapi pami urang nuju napak di taneuh
 mega aya di luhur. Janten diri teh tiasa disebat
 pancerna dunya ceuk sadirieun-sadirieunana. Pantes
 upami dulur urang di Kanekes nyebatkeun pancerna dunya
 aya di kanekes, sabab di kanekes aya wewengkon nu
 nyilibkeun pangartian diri manusa
 (Cibeo-cikertawana-cikeusik jeung sasaka domas).
 Nuhun.
   
 --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
 > 
 > 
 > hatur nuhun kang.
 > cek cenah ieu mah, istilah papat kalima pancer oge
 > ngandung harti
 > nunjukeun arah mata angin. wetan-kulon-kaler-kidul.
 > kalima pancer,
 > maksudna ka luhur, sigana nuju ka pangeran.
 > 
 > 
 > mj
 > 
 > http://geocities.com/mangjamal
 > 
 > 
 > > # angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi
 > > wujud/waruga manusa nyaeta acining
 > > cai-seuneu-angin-bumi ==> geuning urang sok
 > manggihan
 > > istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta
 > > nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu
 > > dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu
 > jadi
 > > pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa
 > nafsu-nafsu
 > > sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan,
 > > karobanan jeung kasetanan.
 > 
 > 
 > 
 
 __________________________________________________________
 Now that's room service!  Choose from over 150,000 hotels
 in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
 http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097
 
     
                       

 
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels 
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

Kirim email ke