Kadinya tiasa kang mung pangatosanana yen pancerna dunya teh nyaeta diri. Nu hartosna yen watesna arah angin kaler-kidul-kulon-wetan, luhur-handap teh nyaeta ceuk diri. Cobi bae pami diri urang nuju di lembang, nyebat Gedong Sate teh aya di kidul, tapi pami diri nuju aya di dayeuh kolot Gedong Sate dituduhkeun teh aya di kaler. Kitu oge pami nuju naek kapal udara mega teh aya dihandap, tapi pami urang nuju napak di taneuh mega aya di luhur. Janten diri teh tiasa disebat pancerna dunya ceuk sadirieun-sadirieunana. Pantes upami dulur urang di Kanekes nyebatkeun pancerna dunya aya di kanekes, sabab di kanekes aya wewengkon nu nyilibkeun pangartian diri manusa (Cibeo-cikertawana-cikeusik jeung sasaka domas). Nuhun. --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > hatur nuhun kang. > cek cenah ieu mah, istilah papat kalima pancer oge > ngandung harti > nunjukeun arah mata angin. wetan-kulon-kaler-kidul. > kalima pancer, > maksudna ka luhur, sigana nuju ka pangeran. > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > # angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi > > wujud/waruga manusa nyaeta acining > > cai-seuneu-angin-bumi ==> geuning urang sok > manggihan > > istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta > > nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu > > dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu > jadi > > pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa > nafsu-nafsu > > sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan, > > karobanan jeung kasetanan. > > > ____________________________________________________________________________________ Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit. http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

