Sampurasun ka sadaya kidulur sunda, Simkuring seja ngawaler ieu patarosan mugia bae aya gunana kanggo sadayana, supados oge aya kajelasan dina perkara ieu. Dina legenda/sasakala Sunda sakaterang simkuring umumna ngandung siloka nu ngandung palsapah nu sakedahna diguar ku urang, kamana pamaksudanana.
Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna tujuhan. Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa, pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna, oge mangrupa alat utama pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina. Disebut lelembut sabab teu katingali, cobi bae nu kumaha wujudna ari pangawasa (daya)? nu kumaha ari wujud hirup?, nu kumaha ari wujud awas?, jadi sifatna lelembut (mahluk halus), nu kunu teu apal mah disebut bae sabangsa jin. Sedengkeun Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring (Si Kuring saur mang Oman tea mah), matak dina legenda Sangkuriang waktu nyieun talaga jeung parahu ngagunakeun Guriang Tujuh (naha ngango naon atuh dina barang gawe mun teu ngagunakeun pangawasa, kadaek, hirup, dangu, awas, ucap jeung angseu). Pon kitu deui Mundingaya Dukusumah, waktu neangan Layang Sasaka Domas nu aya di "sajabaning langit" (sajabaning langit lain langit, lain bumi tapi nya eta diri badan sakujur), sanggeus ngelehkeun Guriang Tujuh nya ilang tanpa karana ngajanggelek jadi Guriang Tunggal (Guru Hiyang Tunggal = hakekat 7 guru tadi nu utamana mah kulantaran ayana Hirup). Tah ku kituna mugia kang Asep oge dulur kisunda sadayana, kade ulah mikaijid ka Guriang lamun ijid ulah dianggo atuh eta tujuh pangawasa nu jadi guru teh. Oge Sangkuriang ulah dipikaijid da sidik aya jenung nganyahokeun sarta nyaksi nu ngancik di sakuringna-sakuringna. Malah geura deuheusan. Pedaran simkuring sual panalungtikan harti legenda Sangkuriang parantos dimuat di Majalah Cupumanik sasih Januari 2007, mung eta mah versi ringkesna tina ringkesan nu parantos diedit ku panerbit. versi ringkesan sim kuring mangga engke dilebetkeun dina milis ieu, upami lengkepna diperyogikeun nya mangga ku im kuring oge bakal di pedar di ieu milis. Guaran simkuring sual legenda Mundinglaya oge parantos rengse dipidamel, mung masih versi bahasa Indonesia. Sakitu kapihatur ti Simkuring, mugia aya gunana keur balarea. Cag Rampes. pun Engkus --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kahatur para bapa / ibu / akang/ aceuk / ujang / > nyai anu di milis US, > > Upami henteu lepat, guriang sareng sang guriang > gaduh hartos negatif (awon) sareng dipikaijid. Tokoh > Sangkuriang gaduh lafal anu ampir sami sareng Sang > Guriang. Naha aya anu uninga hubungan antawis > Sangkuriang sareng Sangguriang? > > Hatur nuhun sahenteuacanna kanggo katerangannana. > > Wassalam, > Asep > > > --------------------------------- > Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and > always stay connected to friends. ____________________________________________________________________________________ Don't pick lemons. See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. http://autos.yahoo.com/new_cars.html

