Asa diingetan perkara imah ieu. Kamari waktos paguneman SIMPAY teh Don Hasman ngadongeng, cenah aya dua urang Baduy jero anu dikaluarkeun tina komunitas, gara-garana duanana teh "ngajual" imah tradisional Badui Jero. Sakabeh imah, ti mimiti kai, gedeg jeung hateupna, pokona kumplit wangunan imah di ringkid ti baduy jero. tah eta imah teh ayana di wewengkon (Bukit?) Sentul. Duka hiji deui aya dimana.
Sigana wae eta jalma Badui teh kafefet feryogi fulus. Tah, kalakuan siga kieu meureun anu dipikahawatir ku urang Badui jero, ku seringna interaksi jeung dunya luar. baktos, mrachmatrawyani --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Di Cipanas Garut, dina mangsa tilu bulan kaliwat, > ngilu sare di Sumber Alam. > Saacan nepi ka Sumber Alam, asana beh dieuna > saeutik,harita keur dibangun hiji hotel, nu gayana > make Imah Padang, nu rancung siga tanduk munding > (kabau, kerbau). Mimiti mah rada hanjelu, naha di > "lembur kuring" bet diwangun gaya siga kitu, kawas > euweuh model lembur sorangan, tapi sanggeus dipeper > mah, meureun anu boga modal teh urang peuntas, nu > nyimpen duit di lembur kuring, teu halangan rek > nyieun model kumaha oge, pek teh teuing. Da urang > lembur kuring mah teu bogaeun duit keur modal, aya > nu boga modal tapi nyieunna teh siga model ti mana > boa (kitsch tea meureun), tadina ambih disebut gaya, > padahal deet pisan, ngan saukur titiron. > > MSasmita > ----- Original Message ----- ____________________________________________________________________________________ Looking for earth-friendly autos? Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center. http://autos.yahoo.com/green_center/

