Tengkyu sister,

Menurut Aa JK, apa yang disampaikan oleh dek Olga, eh maaf, teh Roro, relevant 
dan significant.

Salamna,
Pun Asep


Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
 Wilujeng wayah kieu Kang Asep…  Alhamdulillah, nuhun pujiannana…hanjakal teu 
gaduh receh, geblegan keneh  saageung panto…kaleresan guntingna ledu deuih 
heheh..
  
 Kecap warna, saketerang abdi dina  basa Sunda teh kelir. Da sok emut pami di 
lembur, pun eyang pami nyarios teh  kieu,”Lawon keur kaputeun teh nu kelir hejo 
bae, tong nu beureum…meh lungguh”  (maklum eyang abdi mah teu resepeun warna 
“genjreng” nu matak serab kanu  soca).
  
 Tapi nembe ditoong dina kamus basa  Sunda Tatang Sumarsono (ngahaja disimpen 
di kantor piparantieun noongan nu teu  ngartos heheh) yen kelir = sketsel, 
layar wayang kulit, ngelir = lurus. Emut  waktos SD kapungkur pami ngelir teh 
nyaeta ngawarnaan. Janten bingung mana nu  leres…ah, panasaran keneh, milari 
kana kamus on-line, eh  diblok…hiks…
  
 Pami ditengetan mah seratan Kang  Asep perkawis ngagolongkeun warna, saur JK 
tea mah,“sangat relevan dan  signifikan” heheh… Mangga baraya nu sanes bilih 
bade aya nu nambihan, sok geura  kapayun….
  
 ro2
  

  
 >>> [EMAIL PROTECTED] 04/02/07 01:05AM  >>>

 Wilujeng wengi  teh Roro,
 
 Meni jangkis (eh jangkdut  kitu?), kumargi seueur gizi dina katuangannana 
panginten. Sareng  solehah.  Memang agami (sareng olah ragi) kedah  dicepeng, 
he heh..
 
 
 Wangsul ka  perkawis warna, kumaha kacindekannana? Tiasa henteu upami 
dicindekkeun yen dina  basa Sunda:
 
    
   Warna    dibentenkeun tingkat kejeroan (kedalaman) warna (basa sains-na 
hue), aya warna    kolot sareng warna ngora (atanapi warna panas sareng    
tiis).        
      Hejo lagedod vs hejo daun (hejo      tikuda);     
      Beureum euceuy 
   
   Warna dibentenkeun tina tingkat    seueurna cahaya (contrast):        
      Bodas nyacas     
      Hideung lestreng
   
   Warna oge    dianggo dina ungkapan.        
      Hejo carulang     
      Koneng umyang     
      Bodas ngeplak (bodasna      rata)     
      Hejo ngemploh (hejona      rata?)     
      Hideung cakeutreuk (hideung      + kotor)

 
 Bilih aya anu kakantun atanapi  kalepatan dina kasimpulan ieu, mangga tambihan 
atanapi lereskeun ku teh Roro  sareng para pamiarsa sadaya.
 
 Salamna,
  
 Pun Asep
 
     
                       

 
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels 
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.

Kirim email ke