Siiiiip lah!

: boedax angon: : Sun Apr  1 19: 11: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED];;;;;, 
":: boedax angon ::" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                 
 
 
   
  Saha ngaran maneh saha ? imah dimana
  Saha ngaran maneh saha ? .....
   
  Eta lirik teh nyutat tinu tembang Ebiet.  Panginten loba oge nu kungsi 
ngareunge lirik eta lagu nu sok diputer di radio-radio swasta di tatar-sunda, 
tiap poe pasti wae aya nu ngarequest lagu eta.  Komo deui keur barudak ngora 
mah eta lagu teh keur “trendi” atawa basa legegna mah hype.
   
  Nang sakaol deui naha Ebiet wae nu trendi Lagu Sunda teh panan loba keneh 
lagu Sunda deui kawas, Darso, Doel Sumbang, jrrd. Nya ari Ebiet teh hiji lagu 
nu ngandung aliran HIP-HOP nu keur haneut-hanuet kiwari. Jeung deui naha 
geuning tuturut munding miluan budaya Batur , panan HIP-HOP teh ti luar negeri. 
Nya mun tea mah HIP-HOP teh laguna kaum black di nagara Amerika , jeung deui  
ieu lagu teh loloban sok silih nyindiran, ledekan atawa ceuk basa legegna mah 
Battle tea. 
   
  Keun weh ari aliran HIP-HOP na mah sanajan ti luar nageri, tapi geuningan aya 
keneh barudak Ngora nu reues keneh kanu Basa Sunda nu di terapkeun dinu laguna. 
Nya panan ngarikasa basa Sunda teh tiasa wae tinu widang musik samodel HIP-HOP. 
Mun ngomong HIP-HOP teh, baheula di ngetrenan ku Kang IWA  K tea , laguna nu 
katelah BATMAN Kasarung, nu lirikna “sarena beurang-beurang, kakalayangan ti 
peuting Batman Kasarung come on, leumpangna siga jagoan aya anting di kuping 
Batman Kasarung come on ”. Sanggeus jamanna IWA K rada ngereleup tah aliran 
HIP-HOP , da ceuk cenah ieu  aliran HIP HOP teh ngan saukur Hype na leuwih ti 
lima tahuanan, karek hype deui. Laju weh tahun 98-an aya group HIP-HOP deui, 
keur jaman eta mah disebutna Pesta Rap, aya hiji group Hip-Hop nu aya sunda an 
nyaeta diarananan Sound Da Clan.
   
   Tah kiwari Hip-Hop teh keur hype deui, komo basa Ebiet ngaluarkeun judul 
lagu nu diaranan Saha ngaran Maneh, laju weh aya deui group deui nu nga battle 
Ebit nu judul laguna Lebok Siah, cek cenah mah eta lagu teh keur nyindiran Ebit 
ngeunaan laguna malahan lagu ieu teh kungsi jadi lagu hit di  radio-radio 
swasta Bandung, aya deui group Hip-Hop teh nu ngamumuleu deui basa Sunda nyaeta 
Kung Pow Chicken, dina hiji laguna aya lirik nu hade pisan didinya si Kung Pow 
Chicken teh make lagu sunda nu lirik na teh “Bang kalima-lima gobang bang 
bangkong tengah sawah wahai tukang bajigur ..” ieu lagu dipake keur battle 
dicaritakeun ku manehna.
   
  Kiwari Hip-Hop Underground keur mimiti hirup deui, samodel AK27 nu aya 
judulna “Patriot Sunda Ceria”, nu lirikna teh kawas kieu “ .. ceuk saha HIP-HOP 
Underground teh geus pupus, cing mangga dangukeun hiji tembang perjuang keur 
pertahanan sanes penyerangan ...”, didieu AK27 atra pisan make sunda dinu lirik 
na teh, malihan mah ayta deui lirik na teh nu matak  nyeureud hate “..dengarkan 
kami HIP-HOP Underground distrik Dataran Sunda ..” , aya deui hiji group 
HIP-HOP Underground teh nu make lirik Sunda nyaeta Project Family nu judulna 
Sukabumi – Bandung, didinya oge aya lirik nu make basa sunda nyaeta “..Bandung 
jeung Sukabumi ayeuna geus ngahiji nyatukeun visi jeung misi ngadeudgeun 
pangarti teu aya lian teu aya sanes nyambungkeun tali silaturahmi. .. ”, mereun 
aya keneh group HIP-HOP boh nu nganggo merek Major Label atawa non major label 
atawa underground tea nu marake lirik Sunda, ngan dasar urang Sunda ditungtung 
lagu teh atawa di tengaha atawa mimiti lagu teh sok aya
 wae hereuyna kawas laguna si AK27 di tungtung laguna “.. geus lach 
gandeng-gandeng bau beul .. naon ach”, jeung laguna panutup Project Familiy nu 
judulna Bandung Sukabumi “ .. gandeng-gandeng ka tatangga..” Tah ceuk saha basa 
sunda bakal musnah teh geuningan aya keneh nu micinta basana sok sanajan di 
larapkeun kanu lagu HIP-HOP oge.
   
  “iraha wae andika tandang makalang,
  ulah poho kanu purwadaksina,
  sabab dinu kiwari ngancik bahari, 
  seja ayeuna sampereun jaga” 
   
  cag ach 
  Yayan Mulyana
  www.geocities.com/jajaka_subang
    

---------------------------------
  Inbox full of unwanted email? Get leading protection and 1GB storage with All 
New Yahoo! Mail.
     
                       

 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
 
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.

Kirim email ke