Leres. Diantos, kumaha carana. Abdi kedah ngirim fals disk?
Wah atos pisan yeuh...!

baktos
Tantan

On 4/7/07, nandar trinanda <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  ebiet beat a teh aslina mah urang rancaekek, lagu-laguna seueur nu
nganggo basa sunda sanes ngan eta hungkul..malahan mah kantos duet sareng
ten 2 five, ngan nu eta mah nganggo basa perancis, da anjeunna lulusan stba
jurusan perancis..kantos oge tampil sareng raihan..kang tantan peryogi mp3
na?

On 4/4/07, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   cik aya MP3 bajakana teu. Ngadonload lah... Hayang ngarenge.
>
> kirim japri we ka kuring Urang Subang! Alus sigana mah.
>
> tantan
>
>
> On 4/3/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> >
> >   Siiiiip lah!
> >
> > *: boedax angon: : Sun Apr 1 19: 11: [EMAIL PROTECTED],
> > [EMAIL PROTECTED];;;;;, ":: boedax angon
> > ::" <jajaka_subang@ yahoo.co.uk>* wrote:
> >
> >
> >
> > Saha ngaran maneh saha ? imah dimana
> > Saha ngaran maneh saha ? .....
> >
> > Eta lirik teh nyutat tinu tembang Ebiet. Panginten loba oge nu kungsi
> > ngareunge lirik eta lagu nu sok diputer di radio-radio swasta di
> > tatar-sunda, tiap poe pasti wae aya nu ngarequest lagu eta.  Komo deui
> > keur barudak ngora mah eta lagu teh keur "trendi" atawa basa legegna mah
> > *hype*.
> >
> > Nang sakaol deui naha Ebiet wae nu trendi Lagu Sunda teh panan loba
> > keneh lagu Sunda deui kawas, Darso, Doel Sumbang, jrrd. Nya ari Ebiet teh
> > hiji lagu nu ngandung aliran HIP-HOP nu keur haneut-hanuet kiwari. Jeung
> > deui naha geuning tuturut munding miluan budaya Batur , panan HIP-HOP teh ti
> > luar negeri. Nya mun tea mah HIP-HOP teh laguna kaum black di nagara Amerika
> > , jeung deui ieu lagu teh loloban sok silih nyindiran, ledekan atawa ceuk
> > basa legegna mah Battle tea.
> >
> > Keun weh ari aliran HIP-HOP na mah sanajan ti luar nageri, tapi
> > geuningan aya keneh barudak Ngora nu reues keneh kanu Basa Sunda nu di
> > terapkeun dinu laguna. Nya panan ngarikasa basa Sunda teh tiasa wae tinu
> > widang musik samodel HIP-HOP. Mun ngomong HIP-HOP teh, baheula di ngetrenan
> > ku Kang IWA   K tea , laguna nu katelah BATMAN Kasarung, nu lirikna
> > "sarena beurang-beurang, kakalayangan ti peuting Batman Kasarung come on,
> > leumpangna siga jagoan aya anting di kuping Batman Kasarung come on ".
> > Sanggeus jamanna IWA K rada ngereleup tah aliran HIP-HOP , da ceuk cenah ieu
> > aliran HIP HOP teh ngan saukur *Hype *na leuwih ti lima tahuanan,
> > karek *hype *deui. Laju weh tahun 98-an aya group HIP-HOP deui, keur
> > jaman eta mah disebutna Pesta Rap, aya hiji group Hip-Hop nu aya sunda an
> > nyaeta diarananan Sound Da Clan.
> >
> >  Tah kiwari Hip-Hop teh keur *hype* deui, komo basa Ebiet ngaluarkeun
> > judul lagu nu diaranan Saha ngaran Maneh, laju weh aya deui group deui nu
> > nga battle Ebit nu judul laguna Lebok Siah, cek cenah mah eta lagu teh keur
> > nyindiran Ebit ngeunaan laguna malahan lagu ieu teh kungsi jadi lagu hit di
> > radio-radio swasta Bandung, aya deui group Hip-Hop teh nu ngamumuleu deui
> > basa Sunda nyaeta Kung Pow Chicken, dina hiji laguna aya lirik nu hade pisan
> > didinya si Kung Pow Chicken teh make lagu sunda nu lirik na teh "Bang
> > kalima-lima gobang bang bangkong tengah sawah wahai tukang bajigur .." ieu
> > lagu dipake keur battle dicaritakeun ku manehna.
> >
> > Kiwari Hip-Hop Underground keur mimiti hirup deui, samodel AK27 nu aya
> > judulna "Patriot Sunda Ceria", nu lirikna teh kawas kieu " .. ceuk saha
> > HIP-HOP Underground teh geus pupus, cing mangga dangukeun hiji tembang
> > perjuang keur pertahanan sanes penyerangan ...", didieu AK27 atra pisan make
> > sunda dinu lirik na teh, malihan mah ayta deui lirik na teh nu matak
> > nyeureud hate "..dengarkan kami HIP-HOP Underground distrik Dataran Sunda
> > .." , aya deui hiji group HIP-HOP Underground teh nu make lirik Sunda nyaeta
> > Project Family nu judulna Sukabumi – Bandung, didinya oge aya lirik nu make
> > basa sunda nyaeta "..Bandung jeung Sukabumi ayeuna geus ngahiji nyatukeun
> > visi jeung misi ngadeudgeun pangarti teu aya lian teu aya sanes nyambungkeun
> > tali silaturahmi. .. ", mereun aya keneh group HIP-HOP boh nu nganggo merek
> > Major Label atawa non major label atawa underground tea nu marake lirik
> > Sunda, ngan dasar urang Sunda ditungtung lagu teh atawa di tengaha atawa
> > mimiti lagu teh sok aya wae hereuyna kawas laguna si AK27 di tungtung laguna
> > ".. geus lach gandeng-gandeng bau beul .. naon ach", jeung laguna panutup
> > Project Familiy nu judulna Bandung Sukabumi " .. gandeng-gandeng ka
> > tatangga.." Tah ceuk saha basa sunda bakal musnah teh geuningan aya keneh nu
> > micinta basana sok sanajan di larapkeun kanu lagu HIP-HOP oge.
> >
> > *"iraha wae andika tandang makalang,*
> > *ulah poho kanu purwadaksina,*
> > *sabab dinu kiwari ngancik bahari, *
> > *seja ayeuna sampereun jaga" *
> >
> > cag ach
> > Yayan Mulyana
> > www.geocities.com/jajaka_subang
> >  ------------------------------
> >  Inbox full of unwanted 
email?<http://us.rd.yahoo.com/mail/uk/taglines/default/nowyoucan/spam_1gb/*http://us.rd.yahoo.com/evt=40565/*http://uk.docs.yahoo.com/nowyoucan.html>Get
 leading protection and 1GB storage with All New Yahoo! Mail.
> >
> >
> >  ------------------------------
> > Don't pick lemons.
> > See all the new 2007 
cars<http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE0OGRsc3F2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3Y2Fycw-->at
 Yahoo!
> > Autos.
> > 
<http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE0OGRsc3F2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3Y2Fycw-->
> >
> > ------------------------------
> > 8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
> > with theYahoo! Search movie showtime shortcut.
> >
> >
>
>
> --
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
>
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>
>



--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke