ebiet beat a teh aslina mah urang rancaekek, lagu-laguna seueur nu nganggo basa sunda sanes ngan eta hungkul..malahan mah kantos duet sareng ten 2 five, ngan nu eta mah nganggo basa perancis, da anjeunna lulusan stba jurusan perancis..kantos oge tampil sareng raihan..kang tantan peryogi mp3 na?
On 4/4/07, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
cik aya MP3 bajakana teu. Ngadonload lah... Hayang ngarenge. kirim japri we ka kuring Urang Subang! Alus sigana mah. tantan On 4/3/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Siiiiip lah! > > *: boedax angon: : Sun Apr 1 19: 11: [EMAIL PROTECTED], > [EMAIL PROTECTED];;;;;, ":: boedax angon > ::" <jajaka_subang@ yahoo.co.uk>* wrote: > > > > Saha ngaran maneh saha ? imah dimana > Saha ngaran maneh saha ? ..... > > Eta lirik teh nyutat tinu tembang Ebiet. Panginten loba oge nu kungsi > ngareunge lirik eta lagu nu sok diputer di radio-radio swasta di > tatar-sunda, tiap poe pasti wae aya nu ngarequest lagu eta. Komo deui > keur barudak ngora mah eta lagu teh keur "trendi" atawa basa legegna mah > *hype*. > > Nang sakaol deui naha Ebiet wae nu trendi Lagu Sunda teh panan loba > keneh lagu Sunda deui kawas, Darso, Doel Sumbang, jrrd. Nya ari Ebiet teh > hiji lagu nu ngandung aliran HIP-HOP nu keur haneut-hanuet kiwari. Jeung > deui naha geuning tuturut munding miluan budaya Batur , panan HIP-HOP teh ti > luar negeri. Nya mun tea mah HIP-HOP teh laguna kaum black di nagara Amerika > , jeung deui ieu lagu teh loloban sok silih nyindiran, ledekan atawa ceuk > basa legegna mah Battle tea. > > Keun weh ari aliran HIP-HOP na mah sanajan ti luar nageri, tapi > geuningan aya keneh barudak Ngora nu reues keneh kanu Basa Sunda nu di > terapkeun dinu laguna. Nya panan ngarikasa basa Sunda teh tiasa wae tinu > widang musik samodel HIP-HOP. Mun ngomong HIP-HOP teh, baheula di ngetrenan > ku Kang IWA K tea , laguna nu katelah BATMAN Kasarung, nu lirikna > "sarena beurang-beurang, kakalayangan ti peuting Batman Kasarung come on, > leumpangna siga jagoan aya anting di kuping Batman Kasarung come on ". > Sanggeus jamanna IWA K rada ngereleup tah aliran HIP-HOP , da ceuk cenah ieu > aliran HIP HOP teh ngan saukur *Hype *na leuwih ti lima tahuanan, karek > *hype *deui. Laju weh tahun 98-an aya group HIP-HOP deui, keur jaman eta > mah disebutna Pesta Rap, aya hiji group Hip-Hop nu aya sunda an nyaeta > diarananan Sound Da Clan. > > Tah kiwari Hip-Hop teh keur *hype* deui, komo basa Ebiet ngaluarkeun > judul lagu nu diaranan Saha ngaran Maneh, laju weh aya deui group deui nu > nga battle Ebit nu judul laguna Lebok Siah, cek cenah mah eta lagu teh keur > nyindiran Ebit ngeunaan laguna malahan lagu ieu teh kungsi jadi lagu hit di > radio-radio swasta Bandung, aya deui group Hip-Hop teh nu ngamumuleu deui > basa Sunda nyaeta Kung Pow Chicken, dina hiji laguna aya lirik nu hade pisan > didinya si Kung Pow Chicken teh make lagu sunda nu lirik na teh "Bang > kalima-lima gobang bang bangkong tengah sawah wahai tukang bajigur .." ieu > lagu dipake keur battle dicaritakeun ku manehna. > > Kiwari Hip-Hop Underground keur mimiti hirup deui, samodel AK27 nu aya > judulna "Patriot Sunda Ceria", nu lirikna teh kawas kieu " .. ceuk saha > HIP-HOP Underground teh geus pupus, cing mangga dangukeun hiji tembang > perjuang keur pertahanan sanes penyerangan ...", didieu AK27 atra pisan make > sunda dinu lirik na teh, malihan mah ayta deui lirik na teh nu matak > nyeureud hate "..dengarkan kami HIP-HOP Underground distrik Dataran Sunda > .." , aya deui hiji group HIP-HOP Underground teh nu make lirik Sunda nyaeta > Project Family nu judulna Sukabumi – Bandung, didinya oge aya lirik nu make > basa sunda nyaeta "..Bandung jeung Sukabumi ayeuna geus ngahiji nyatukeun > visi jeung misi ngadeudgeun pangarti teu aya lian teu aya sanes nyambungkeun > tali silaturahmi. .. ", mereun aya keneh group HIP-HOP boh nu nganggo merek > Major Label atawa non major label atawa underground tea nu marake lirik > Sunda, ngan dasar urang Sunda ditungtung lagu teh atawa di tengaha atawa > mimiti lagu teh sok aya wae hereuyna kawas laguna si AK27 di tungtung laguna > ".. geus lach gandeng-gandeng bau beul .. naon ach", jeung laguna panutup > Project Familiy nu judulna Bandung Sukabumi " .. gandeng-gandeng ka > tatangga.." Tah ceuk saha basa sunda bakal musnah teh geuningan aya keneh nu > micinta basana sok sanajan di larapkeun kanu lagu HIP-HOP oge. > > *"iraha wae andika tandang makalang,* > *ulah poho kanu purwadaksina,* > *sabab dinu kiwari ngancik bahari, * > *seja ayeuna sampereun jaga" * > > cag ach > Yayan Mulyana > www.geocities.com/jajaka_subang > ------------------------------ > Inbox full of unwanted email?<http://us.rd.yahoo.com/mail/uk/taglines/default/nowyoucan/spam_1gb/*http://us.rd.yahoo.com/evt=40565/*http://uk.docs.yahoo.com/nowyoucan.html>Get leading protection and 1GB storage with All New Yahoo! Mail. > > > ------------------------------ > Don't pick lemons. > See all the new 2007 cars<http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE0OGRsc3F2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3Y2Fycw-->at Yahoo! > Autos. > <http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE0OGRsc3F2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3Y2Fycw--> > > ------------------------------ > 8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time > with theYahoo! Search movie showtime shortcut. > > -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--

