Saleresna mah upami pendapat kuring pribadi, carios eta teh, "kelirumologi" tina nafsirkeun otonomi daerah. kapaning dina sajarah anu di itngkat Depdiknas, tos jelas-jelas Pajajaran, Cirebon, Banten masih aya keneh runtuyan sajarah anu jelas. Perkara eta cenah dina soal basa, Banten sareng Cirebon aya basa anu beda sareng basa Sunda, eta mah perkara dialek satempat anu masing-masing wewengkon aya ciri hasna sorangan. Tapi duka ketang bilih aya argumen anu langkung paos dinaperkawis ieu, kuring teu terang.
namung upami ningali ngangge semgnat otonomi daerah, banten teh tina sagala hal "terpinggirkan" alias teu pati dipalire "dianak terekeun" ku pamarentah provinsi Jawa Barat. Sarana jalan sareng prasarana jalan di pakidulan Banten ayeuna teh, estunig eta mah ku yasana Bappenas, anu diwangun taun 1992/1993. Kaleresan sim kuring gaduh sobat anu damel di Bappenas. Taun 1992/1993 ketua Bappenas di cepeng ku Saleh Afif (urang Cirebon), aya Sesa anggaran anu kedah diseepkeun. Tah para padamel di Bappenas teh muter otak, kumaha sangkan eta sesa anggaran teh diangge kanggo kamaslahatan rahayat. Nya ahirna dianggarkeun kanggo pembangunan prarasarana jalan di Bantel Kidul. Kitu saurna dongeng ti rerencangan. ari perkawis "kelirumologi" otonomi daerah teh, dianggapna daerah boga kawasa pikeun naon wae, kalebet dina hal perkara misahkeun sacara budaya/basa daerah. Jadi kasemptean ieu diangge ku para pangawasa daerah pikeun ngaluarkeun kaheneg "anak tere" tea. (ieu tafsiran kuring). baktos, mrachmatrawyani --- Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > geuning benten sareng aksara jawa! > > ieumah duka lulucon atanapi seriues, waktos Banten > misah ti Jabar abdi gaduh carita ti wawrgi nu aya di > Pandeglang yen salila ieu urang Banten teh cenah mah > ngarasa di Jajah ku urang Pasundan. > naha aya bentenna antawis Banten, Sunda, Pasundan, > Parahyangan. > > > yayan > ____________________________________________________________________________________ Food fight? Enjoy some healthy debate in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A. http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367

