> From: Nandar Robbyana
> ieumah duka lulucon atanapi seriues, waktos Banten misah ti Jabar abdi 
> gaduh carita ti wawrgi nu aya di Pandeglang yen > salila ieu urang Banten 
> teh cenah mah ngarasa di Jajah ku urang Pasundan.
> naha aya bentenna antawis Banten, Sunda, Pasundan, Parahyangan.

Sigana aya sajarahna Kang Nandar. Tapi ieu kira-kira, nyanggakeun we ka para 
ahli sajarah leres henteuna mah. Fakta sajarah yen Pajajaran runtag diserebu 
ku Kasultanan Banten. Dina Majalah Balebat edisi bulan ieu, dicaritakeun 
riwayat aran-aran tempat di Bogor nu aya hubunganana jeung perang Banten 
jeung Pajajaran. Jadi perang ieu lain "perang leuleutikan, tapi perang gede. 
Sanggeus Pajajaran runtag, aya tilu kakawasaan gede di Pulo Jawa. Banten di 
kulon, VOC di Batavia (jakarta) jeung Mataram di Jawa Tengah. Sumedang 
Larang, karajaan leutik di Priangan, nu ngaku penerus Pajajaran, kamungkinan 
"trauma" ku Pajajaran di runtagkeun ku Banten, leuwih mihak jeung nyalindung 
ka Mataram tinimbang ka Banten. Hal ieu teu dipikaresep ku Banten, Sumedang 
kungsi dirurug ku tantara Banten, pas dina poean lebaran nu murag dina Poe 
Jumaah. Kajadian ieu, ninggalkeun deui trauma, tepi aya kapercayaan di 
Sumedang (oge di tatar Priangan sejenna) teu meunang lebaran di poe Jumaah 
......

Jadi sentimen anatara Banten jeung Priangan teh geus aya riwayatna tidituna. 
Ditambah deuih, waktu Banten akhirna ditaklukkeun ku Walanda. Urang Banten 
teu eureun-eureun ngalawan Walanda. Ieu ngakibatkeun wilayah Banten jadi 
daerah nu pakepuk ku riweuh. Beda jeung urang Priangan, nu relatif leuwih 
narurut ka Walanda. Nurut ka Walanda mere kauntungan ka urang Priangan, 
daerahna jadi relatif aman, pangawangunan bisa leuwih maju, jelemana oge 
jadi leuwih kadidik. Akibatna di Banten, para pejabat Pribumi nu diangkat 
Walanda, lain urang Banten, tapi ti Priangan. Contona waktu kajadian "Geger 
Cilegon" (Baruntakna H. Wasid, Tubagus Ismail) , pejabat Pribumi di Cilegon 
harita aslina  menak Urang Bogor, nu gaya hirupna kawalanda-walandaan. 
Kabiasaan ngangkatan Urang Priangan jadi pejabat di Banten, dituluykeun 
deuih sanggeus merdeka. Nya tangtos wae keur sabagian urang Banten rada 
ngarasa "dijajah" ku urang Priangan.

Tos ah ngacapruks, bisi rea teuing salahna ...............

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke