Wilujeng wengi kang,
   
  Sumuhun kang, jalaran ajaran anu lepat ti guru basa Sunda, salami ieu urang 
lepat kaprah nganggap aksara Sunda teh cacarakan (hanacaraka) anu diadopsi tina 
aksara Jawa ku cara ngailangkeun aksara dh sareng th. Padahal mah, sapertos 
disaurkeun ku kang Kumincir CS dina wikipedia, sahenteuacanna cacarakan, urang 
Sunda teh gaduh huruf nyalira. Ayana aksara Sunda anu diolah tina huruf Palawa 
dibuktoskeun dina prasasti Astana Gede Kawali.
   
  Dina basa, basa Sunda oge kapangaruh ku basa Jawa. Undak usuk basa Sunda anu 
ngabagi-bagi tingkatan ti basa lemes dugi ka basa kasar ngarupikeun pangaruh 
basa Jawa. Siga kumaha basa Sunda asli? Upami ngarujuk kana naskah Bujangga 
Manik (pangeran ti Pajajaran), subjektif pamendak abdi, sigana basa Sunda loma 
/ kasar anu dianggo ku urang Banten oge Bogor, anu kirang kapangaruhan ku 
Mataram Islam, ngarupikeun basa asli urang Sunda. Ieu mah pamendak sim kuring 
anu subjektif, henteu ilmiah, tiasa wae lepat; langkung-langkung sim kuring 
henteu ngabandingkeun sareng naskah sanesna (upamina wae naskah ti Galuh), 
mangga lereskeun upami lepat. Kahoyong mah mendakan hasil karya ilmiah 
mahasiswa Sunda di Internet ngeunaan asal-usul basa Sunda, mung henteu acan 
mendakkan.
   
  Salamna,
   
  Pun Asep
   


trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Ieu buktos yen aksara Sunda 
teh aslina mah ti Jawa. Jadi Sunda nu ngaadopsi ti Jawa.
  Aksara Jawa aya 20 hurup, nyaeta:
   
  Ho No Co Ro Ko
  Dho To So Wo Lo
  Po Dho Jo Yo Nyo
  Mo Go Bo Tho Ngo
   
  Dususun 5 5 janten 4 baris, ieu teh teu sambarangan.... aya hartosna mun dina 
basa jawa mah.
  Mun teu lepat mah kieu hartosna mun disundakeun unggal barisna (punten 
panglereskeun upami lepat)
   
  Aya Dua Ksatira
  Tanding di Pakalangan
  Sami Digjaya na
  Duanana Tiwas ngababatang.
   
  Sedengkeun hurup sunda sami eta eta keneh, ngan dikirangan 2 hurup nyaeta:
   
  Ha Na Ca Ra Ka
  Da Ta Sa Wa La
  Pa Ja Ya Nya
  Ma Ga Ba Nga
   
  Sejarahna mah sim kuring teu terang, kumaha kronologisna.
   
  Kang Santosa.
   
  

Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Dupina mah lepat link-na kang. Ieu anu leres kang:
asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm

Salamna,
Pun Asep


Satria Pinandita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       
  hatur nuhun pisan, ke nya sakedap pami iyeu pademelan nu teu beres beres
  tong rengse, insya alloh alamat nu di pasihan ku akang urang aos....
  da tos sababaraha sumber teu aya nu sami maksad teh benten benten....
  duka abdi mah nu kirang tataros mung di ajar nyalia...
  hatur nuhun kang.........
   
  salam baktos 
  zuhdan "SP" tea...
   
   
    ----- Original Message ----- 
  From: Asep Hadiyana 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, March 26, 2007 4:15 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Aksara Sunda
  

    
  Punten nembe dijawab deui yeuh kumargi kasibukan.
  
  Info aksara Sunda parantos dirangkum sareng dilebetkeun kana situs sim kuring 
di asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm.
  
  Sae pisan sareng balageur ku getolna urang Kusnet teh, meni reueus. 

  

  Saleresna mah sim kuring tos ngiring aub ngawitan ti taun 1998, mung carana 
benten, henteu ngalangkungan wikipedia. Sim kuring nyobi sosialisasi ka urang 
deungeun ku cara ngadamel situs dina basa Inggris ngeunaan Sunda sareng 
budayana anu mangrupi Cianjuran sareng Degung. Situs eta ditempelkeun di server 
tripod (alamat lawas: members.tripod.com/¬pasundan) sareng geocities. Hal ieu 
dilakukeun kumargi taun 1998 sim kuring sadar yen masih seueur lepat paham 
ngeunaan Sunda. Contona wae degung atanapi Cianjuran digolongkeun kana genre 
musik Jawa. Aya oge anu nganggap Sunda the aya di Afrika. Usaha ieu sakedik aya 
hasilna. Upamina wae aya urang deungeun anu nganuhunkeun kumargi tos dipasihan 
obor sapertos kieu:
    
   Name: Josh Myerov   
   Email: [EMAIL PROTECTED]   
   Date: 13 Feb 2003   
   Time: 00:04:33
  Comment  Congratulations, it looks like you have a great site. I stumbled 
onto it because I was looking into a used CD I just bought called "Degung 
Sabilulungan." The music is wonderfully hypnotic. I have to admit, though, I 
thought I was buying "Sudanese" music from East Africa, only to discover it's 
"Sundanese" music from West Java. What a great discovery. 
  Mugia ku ayana upaya / info ieu, urang deungeun ani katarik ku budaya Sunda 
moal nyasar ka tempat sanesna.
  
  Insya Allah upami aya bahan sareng waktos, bade nyobian oge nguisan info 
wikipedia.
  
  Pun Asep
  asephadiyana.tripod.com
  
  


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       Kaleresan urang Kusnet teh garetol 
(nu getol eta ge, heuheu...). Potensi anu gede, mun dikamalirkeun sacara bener 
mah hasilna tiasa tohaga, najan ukur bati salingkuh ge. Anu jadi luluguna mah 
nyaeta Kang Dian ti LSS-ITB nu ayeuna nuju ngumbara di Jerman, dibantu ku 
baraya nu sejenna. Lian ti eta, proyek2 anu nuju dikeureuyeuh teh di antarana 
'digitalisasi pustaka2 Sunda', 'tarjamah Qur'an basa Sunda', jeung jurnal 
'koropak'.

Upami salira minat ngiring aub, mangga diantos pisan...


  On 3/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Hatur nuhun, 
ngabantos pisan. Engke upami salse, informasinya bade dirangkum teras 
dilebetkeun kana situs web sim kuring.

Eta saha anu bageur ngalebetkeun warta / iber huruf Sunda kana wikipedia sareng 
oge ngadaptarkeun ka organisasi internasional ngeunaan huruf-huruf anu aya di 
dunya, kang?






  


  
  
---------------------------------
  Food fight? Enjoy some healthy debate
in the Yahoo! Answers Food Drink Q&A.   

  


    
---------------------------------
  Looking for earth-friendly autos? 
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.   




    
---------------------------------
  Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.  

         

 
---------------------------------
 Get your own web address.
 Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.

Kirim email ke