teu bisa kitu kang di urang mah. lamun aya mobil nabrak nini-nini, ulah
nyalahkeun supir nu meunang sim meunang nembak. salahkeun mah mobilna naha
make jeung hayang nyium nini-nini haha. teuing lamun mobil kolot jalu
enya.... mobil aki-aki ;)) halah ngalantur ieu mah

ah pusing kang lah mikiran un mah. komo di urang mah nu penting hasil. teu
kudu dipikiran kumaha cara nu hade sangkan hasilna ngilu hade mah.

hiji kahandeueul kuring ti un teh naha ngan ukur tilu pelajaran nu
diujiankeun....

dh

On 4/19/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Atuh ari kitu masalahna mah lain UN na nu kudu dileungitkeun, tapi
sistem-na nu kudu dibenerkeun. Jalankeun hukum. Pengawas mungkin teu salah
da dititah ku atasan, kepala sekolah oge jigana mah henteu. Kira kira mah
Kepala dinas kaluhur............meureueueun. Punten ah....

TS

*denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 Heuheuheu, ieuh…. Bisi harayang nyaho.
Sabenerna mah UN teh bohong eta the…. Da anu sakanyaho uing mah anu
ngerjakeun UN teh "tim sukses" nyaeta guru2 anu geus ditunjuk ku kepsek
Ngerjakeun atawa ngeusian atawan menerkeun jawaban barudakna!
Uing pernah ngalaporkeun ieu kacurangan, ngahaja indit sorangan ka
Jakarta ka Diknas…. Ari pek kalah uing dicarekan!
Majarkeun uing, akon2!!!! Ngawadul teu mawa data statistik. Majarkeun
teh data empiris mah teu bisa dijadikeun bukti dina pangadilan!
Uing nepi ka ceurik tah harita di diknas!
Taun ayeuna oge, uing mah yakin sakin-yakinna pasti bakal kajadian
siga taun kamari.
Para guru anu cenah pendidik dan berahlak mulya teh, bakal "ngabantu"
(uing mah nyebutna "ngajurumuskeun") murid2na kusagala cara.
Ari uing mah rumasa guru teu bener, nepi ka sabulan ieu wae geus
dipanggil ku kepsek nepi ka 3 kali. Majar the: "Ari ngawas UN ulah
ketat teuing!"
Kuring mah ukur bisa ngajawab, da abdi mah ukur ngalaksanakeun tugas
sesuai jeung aturan kang!

Sedih, UN uing panuju pisan lamun UN dibubarkeun tong diayakeun deui.
Loba madorotna daripada alusna!Ukur ngabohongan murid, guru, kolot
murid,ari pamarentah (menteri) mah puguh deui da resep ari aya anu
ngawadul teh! Da maranehna tukang ngawadul! Henteu we jiga kang NDUL
TUKANG NGORONG! HEUHEUHEUHEUHEUHEU

Deny

-

,___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke