Jeleme “SUPERMAN” ngan gaji “SUPERMIN”
   
  “Superman”, mun urang nyebut eta ngaran, sok reus ingeut ka filem di 
dibintangan ku ..,ieu filem teh “booming” pisan di tahun 80-an. Filem ieu teh 
ngagambarkeun hiji lalakon nu ngabasmi kajahatan. Komo deui ditambah si 
lalakon-na teh ganteng jeung dedeganna jankung gede, nya mun “versi” Indonesia 
tea mah kawas GATOT KACA ,sanes Gagal Total Kagak Ngaca proyek IPTN tea, nyaeta 
tulangna kawas waja jeung ototna kawas wesi. Tapi kade ulah dibandingkeun jeung 
“Superman” anu di hiji iklan nu aya slogan na nyaeta “ada yang kurang, kurang 
berisi”, salahsahiji slogan hiji produk nu make “Superman” ngan ceking jeung 
kari tulang wungkul.
            “Superman” mun urang “analogkeun” jeung hiji pagawean , nyurup 
pisan ka widang IT(Rancatan) atawa tukang nyieunan Program keur hiji pausahaan 
atawa mun ceuk basa kiwari tea mah “Programmer”. Nya pananan tukang rancatan 
teh mun tea mah tukang nanggung tea , dinu kamus umum basa sunda, 1992, 
rancatan teh alat paranti nanggung. Tapi aya oge sakaol jelema ngalandihan nu 
pakepuk dinu widang IT teh kawas tukang kaput.
            IT atawa Rancatan teh hiji istilah mun cek basa keren  na mah 
“Information Technology” atawa “Teknologi Informasi”. Ieu pagawean teh hubungan 
na luas pisan, komo nu pakepuk teu jauh jeung komputer mah. Kiwari ayana 
komputer hususon keur widang IT/Rancatan mah ngahampangkeung pagawean urang 
sapope, saperti hiji dosen kabantu jasa mun manehna nyimpeun data nilai 
mahasiswana di Spreadsheet, kusabab para mahasiswa teh pasti bae ujian leuwih 
ti dua kali. Coba weh mun teu make komputer urang bayangkeun, mun aya 300 urang 
nu arujian kumaha mun manehna ngajumlahkeun manual keur nilai rata-rata, nilai 
median, nilai kelas, nilai pencilan, jrrd. Tah kukituna mun si eta dosen geus 
teu Gaptek deui  ka komputer tinggal sakali weh ngasupkeun formula na.
            Tapi kumaha mun eta dosen teh, teu apaleun Spreadsheet acan ngan 
manehna nyewa hiji tukang nyieun Program keur ngahampangkeun pagawean na 
kusabab si dosen eta embung riweuh. Kunaon disebut “Programmer”, sabab  manehna 
nyieun code-code anu user-friendly, sabab program nu dijieun ku si “Programmer” 
teh bakal dipake ku jelema di loba golongan , lain bae keur si dosen bae. Ari 
alat keur nyieun program na teh disebutna Basa Pamograman, ieu teh ditalungtik 
na mimiti tahun 50-an ku yasana Grace Murray Hooper nu manggihan “BUG KOMPUTER” 
tea. Tahun 1951 manehna nyieun kompiler generasi kahiji nu diaranan compiler 
A-O. Saha ari si Grace Murray Hooper teh, manehna awewe nu gawena di 
Eckert-Mauchhly Computer Corporation salaku Matematikawan Senior.
            Balik deui ka IT kumaha ari parkembangan pagawean IT di Indonesia 
teh. Kiwari IT di Indonesia cepet pisan, kabuktianan tiasa urang tingali loba 
pisan di koran-koran atanapon di mailing-list lowongan pagawean nu 
patula-patali jeung IT, komo “Programmer” mah, timimiti “Programmer” keur OS 
(Open Source) atanapon “Programmer” license. Jeung deui kiwari loba jasa 
pausahaan-pausahaan nu pakepuk dinu widang IT ceuk basa keren na mah 
“Konsultant IT” atawa Software House, nya nu apal mah di jakarta hiji gedung 
keur hususna pakepuk dinu widang IT teh di Gedung Cyber tea. Ngan kiwari 
pausahaan ti India geus asup ka Gedung eta, naha kusabab di India mah Rancatan 
teh geus mandeuk.
            Ceuk sakaol mah jadi “Programmer” teh keren sabab manehna pagaweana 
teu jauh jeung komputer jeung internet eta ge mun boga ases ka internet jeung 
aksesna teu dibatasan, ngan aya istilah keur jelema IT nu boga ases Internet, 
manehna pasti wae OL (online)i di internet bohna sok chating di Yahoo Messanger 
, komo deui sok ngaroom atanapon kojom mah. Tapi ti sagedengeun eta, pagawean 
“Programmer” teh sibuk jasa, sabab lamun geus dibere gawe pasti sok anteung 
jeung pagaweana, komo nu coding mah pangreseupna ngadebug code anu salah, kitu 
weh bedana “Programmer” jeung Desainer mah. Tapi ari pagaweanna geus rengse mah 
sok nyantey weh sakaeung mun asup teh sok rada beurang atawa mun geus asup ge 
sok ngagoogling weh di internet atawa ngawayuh (salingkuh) ceuk basa kiwarina 
mah chating tea. Rancatan atawa IT, dihareup geus dibahas rehna ari tukang IT 
teh tukang nanggung  kabayang mun tanggungna teh isi na loba teu leweih ti 
hiji, bisa nanggung  batu, keusik, sayuran naon
 bae weh nu ditanggung, tapi mun di analogkeun ka tukang kaput manehna ngaput 
baju nu geus di desain samemehna. 
  Kiwari si “Programmer” di hiji pausahaan teh tugas na teh pabuelit pisan, 
komo mun ditingali di lowongan pagawean kudu bisa basa pamograman ieu jeung 
kudu bisa LAN,CCNP, jrrd. Nya ari ngaranna “Programer” teh kudu sagala kacabak 
boh dinu software na atanapon dinu hardware na. Komo deui mun geus kudu 
nyanghareupan client anu rewel manehna sok balik ka imahna teh bisa wae wangci 
subuh, sabab kudu meneran code nu didevelop ku manehna, jeung deui nu ngaran na 
client ma sok hayang itu hayang ieu, malihan mah sok hayang pangmenerkeun 
databasena cenah sakalaian sabab kudu di cleaning up tea. Nya antukna si 
“Programmer” daek teu daek kudu daek memernah eta database, isukan na manehna 
kudu asup deui kantor bari mere buku log pagawean manehna kamari bari awak 
lungse jeung ringseuk komo deui kurang sare sesa nyiluek kamari, kumaha mun ieu 
pagawean teh tiap poe antukna si “Programmer” teh geuring mereun sabab kacapean 
tea.
  Ceuk cenah deui si eta ”Programmer” teh kaasup Lembur atawa overtime jadi 
loba duitna, tapi naha enya kitu jeung deui gajina pasti gede. Tapi rata-rata 
si “Programmer” gajina kumaha tempat gawena mun tempat gawena kaasup pausaahan 
gede kawas bank atawa pausahaan minya pasti wae gede mun lain ti kitu mah gaji 
na teh rata-rata weh 1,5 jutaan kahandap. Komo deui mun di hiji software house 
si Programmer eta kudu bisa ngadesain oge, kawas kudu bisa adobe photo shop 
atawa CSS tea, komo deui mun aya nu rudet komputer boss na atawa pagawe nu 
liana manehna kudu menerkeun nepi kaanggeus jeung deui kudu kakolong meja nga 
cek kabel LAN  atawa Wireless na nepi keun kotor ku kebul. Jadi lamun ceuk si 
“Programmer” teh disebut “Superman” teh bisa wae, sabab manehna kudu bisa ieu 
jeung itu ngan weh si “Programmer” na teh cicing wae ngan di jero hatena mah 
sok ngagurut emangna uing “Superman”, malihan mah mun keur chating jeung 
babaturan aya hiji status yeem manehna nu kieu “Nu bener weh
 emang na aing teh Superman”.
   
  Cah ch
  Yayan Mulyana 
   
   

       
---------------------------------
 Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up for 
your freeaccount today.

Kirim email ke