asa kurang pas IT dianalogikeun jeung "rancatan". upama ninggali kana
fungsina IT, salah sahijina taya lian IT teh hiji medium, medium keur
konunikasi global. anapon fungsina "rancatan" taya lian alat paranti
nanggung, nu sok dipake ku tukang bubur nanggung daganganana. upama rek
neangan istilah sunda keur medium, asana leuwih pas milih kecap "cukang",
cukang salaku medium keur ngahubungkeun dua entiti komunikasi. (mh).
On 4/25/07, :: boedax angon :: <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jeleme "SUPERMAN" ngan gaji "SUPERMIN"
"Superman", mun urang nyebut eta ngaran, sok reus ingeut ka filem di
dibintangan ku ..,ieu filem teh "booming" pisan di tahun 80-an. Filem ieu
teh ngagambarkeun hiji lalakon nu ngabasmi kajahatan. Komo deui ditambah si
lalakon-na teh ganteng jeung dedeganna jankung gede, nya mun "versi"
Indonesia tea mah kawas GATOT KACA ,sanes Gagal Total Kagak Ngaca proyek
IPTN tea, nyaeta tulangna kawas waja jeung ototna kawas wesi. Tapi kade ulah
dibandingkeun jeung "Superman" anu di hiji iklan nu aya slogan na nyaeta
"ada yang kurang, kurang berisi", salahsahiji slogan hiji produk nu make
"Superman" ngan ceking jeung kari tulang wungkul.
"Superman" mun urang "analogkeun" jeung hiji pagawean , nyurup
pisan ka widang IT(Rancatan) atawa tukang nyieunan Program keur hiji
pausahaan atawa mun ceuk basa kiwari tea mah "Programmer". Nya pananan
tukang rancatan teh mun tea mah tukang nanggung tea , dinu kamus umum basa
sunda, 1992, rancatan teh alat paranti nanggung. Tapi aya oge sakaol jelema
ngalandihan nu pakepuk dinu widang IT teh kawas tukang kaput.
IT atawa Rancatan teh hiji istilah mun cek basa keren na mah
"Information Technology" atawa "Teknologi Informasi". Ieu pagawean teh
hubungan na luas pisan, komo nu pakepuk teu jauh jeung komputer mah. Kiwari
ayana komputer hususon keur widang IT/Rancatan mah ngahampangkeung pagawean
urang sapope, saperti hiji dosen kabantu jasa mun manehna nyimpeun data
nilai mahasiswana di *Spreadsheet*, kusabab para mahasiswa teh pasti bae
ujian leuwih ti dua kali. Coba weh mun teu make komputer urang bayangkeun,
mun aya 300 urang nu arujian kumaha mun manehna ngajumlahkeun manual keur
nilai rata-rata, nilai median, nilai kelas, nilai pencilan, jrrd. Tah
kukituna mun si eta dosen geus teu *Gaptek* deui ka komputer tinggal
sakali weh ngasupkeun formula na.
Tapi kumaha mun eta dosen teh, teu apaleun *Spreadsheet* acan
ngan manehna nyewa hiji tukang nyieun Program keur ngahampangkeun pagawean
na kusabab si dosen eta embung riweuh. Kunaon disebut "Programmer", sabab
manehna nyieun code-code anu *user-friendly*, sabab program nu dijieun ku
si "Programmer" teh bakal dipake ku jelema di loba golongan , lain bae keur
si dosen bae. Ari alat keur nyieun program na teh disebutna Basa Pamograman,
ieu teh ditalungtik na mimiti tahun 50-an ku yasana Grace Murray Hooper nu
manggihan "BUG KOMPUTER" tea. Tahun 1951 manehna nyieun kompiler generasi
kahiji nu diaranan compiler A-O. Saha ari si Grace Murray Hooper teh,
manehna awewe nu gawena di Eckert-Mauchhly Computer Corporation salaku
Matematikawan Senior.
Balik deui ka IT kumaha ari parkembangan pagawean IT di
Indonesia teh. Kiwari IT di Indonesia cepet pisan, kabuktianan tiasa urang
tingali loba pisan di koran-koran atanapon di mailing-list lowongan pagawean
nu patula-patali jeung IT, komo "Programmer" mah, timimiti "Programmer" keur
OS (*Open Source*)* *atanapon "Programmer" license. Jeung deui kiwari loba
jasa pausahaan-pausahaan nu pakepuk dinu widang IT ceuk basa keren na mah
"Konsultant IT" atawa *Software House*, nya nu apal mah di jakarta hiji
gedung keur hususna pakepuk dinu widang IT teh di Gedung Cyber tea. Ngan
kiwari pausahaan ti India geus asup ka Gedung eta, naha kusabab di India mah
Rancatan teh geus mandeuk.
Ceuk sakaol mah jadi "Programmer" teh keren sabab manehna
pagaweana teu jauh jeung komputer jeung internet eta ge mun boga ases ka
internet jeung aksesna teu dibatasan, ngan aya istilah keur jelema IT nu
boga ases Internet, manehna pasti wae OL (*online*)i di internet bohna sok
chating di Yahoo Messanger , komo deui sok ngaroom atanapon kojom mah. Tapi
ti sagedengeun eta, pagawean "Programmer" teh sibuk jasa, sabab lamun geus
dibere gawe pasti sok anteung jeung pagaweana, komo nu coding mah
pangreseupna nga*debug* code anu salah, kitu weh bedana "Programmer" jeung
Desainer mah. Tapi ari pagaweanna geus rengse mah sok nyantey weh sakaeung
mun asup teh sok rada beurang atawa mun geus asup ge sok nga*googling *weh
di internet atawa ngawayuh (salingkuh) ceuk basa kiwarina mah chating tea.
Rancatan atawa IT, dihareup geus dibahas rehna ari tukang IT teh tukang
nanggung kabayang mun tanggungna teh isi na loba teu leweih ti hiji, bisa
nanggung batu, keusik, sayuran naon bae weh nu ditanggung, tapi mun di
*analogkeun
*ka tukang kaput manehna ngaput baju nu geus di desain samemehna.
Kiwari si "Programmer" di hiji pausahaan teh tugas na teh pabuelit pisan,
komo mun ditingali di lowongan pagawean kudu bisa basa pamograman ieu jeung
kudu bisa LAN,CCNP, jrrd. Nya ari ngaranna "Programer" teh kudu sagala
kacabak boh dinu *software* na atanapon dinu *hardware* na. Komo deui mun
geus kudu nyanghareupan *client *anu rewel manehna sok balik ka imahna teh
bisa wae wangci subuh, sabab kudu meneran code nu *didevelop *ku manehna,
jeung deui nu ngaran na client ma sok hayang itu hayang ieu, malihan mah sok
hayang pangmenerkeun databasena cenah sakalaian sabab kudu di *cleaning* *
up* tea. Nya antukna si "Programmer" daek teu daek kudu daek memernah eta
*database*, isukan na manehna kudu asup deui kantor bari mere buku
*log*pagawean manehna kamari bari awak lungse jeung ringseuk komo deui kurang
sare sesa nyiluek kamari, kumaha mun ieu pagawean teh tiap poe antukna si
"Programmer" teh geuring mereun sabab kacapean tea.
Ceuk cenah deui si eta "Programmer" teh kaasup Lembur atawa *overtime*jadi loba
duitna, tapi naha enya kitu jeung deui gajina pasti gede. Tapi
rata-rata si "Programmer" gajina kumaha tempat gawena mun tempat gawena
kaasup pausaahan gede kawas bank atawa pausahaan minya pasti wae gede mun
lain ti kitu mah gaji na teh rata-rata weh 1,5 jutaan kahandap. Komo deui
mun di hiji *software* *house* si Programmer eta kudu bisa ngadesain oge,
kawas kudu bisa adobe photo shop atawa CSS tea, komo deui mun aya nu rudet
komputer boss na atawa pagawe nu liana manehna kudu menerkeun nepi kaanggeus
jeung deui kudu kakolong meja nga cek kabel *LAN * atawa *Wireless* na
nepi keun kotor ku kebul. Jadi lamun ceuk si "Programmer" teh disebut
"Superman" teh bisa wae, sabab manehna kudu bisa ieu jeung itu ngan weh si
"Programmer" na teh cicing wae ngan di jero hatena mah sok ngagurut emangna
uing "Superman", malihan mah mun keur chating jeung babaturan aya hiji
status yeem manehna nu kieu "Nu bener weh emang na aing teh Superman".
Cah ch
Yayan Mulyana
------------------------------
Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up
for your free account
today<http://uk.rd.yahoo.com/evt=44106/*http://uk.docs.yahoo.com/mail/winter07.html>
.