Assalamualaikum wr. wb.,
Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku International
Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei 2007 pas pribados sareng
delegasi Indonesia sanesna nuju aya di Kuala Lumpur ngahadiran acara
pangeling-ngeling (celebration) poe masyarakat informasi sadunya nu digagas ku
ITU.
Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI) Malaysia. Aya
anu pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh kumargi kacapi suling
dijantenkeun latar padesaan di Malaysia. Bu A. S. Soeria Atmadja nu jenten
pupuhu delegasi waktos harita oge sedih sareng keuheul ku tingkah polah
Malaysia sapertos kitu.
Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir kumargi kirang
resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah hadir. Enjingna anjeunna
cacarios cenah dina acara dinner teh dipintonkeun tari Sunda kalayan anu
ngibingna oge lengkep nganggo anggoan Sunda kalebet bendo. Saur anjeunna,
Malaysia henteu ngumumkeun eta ibing teh milik Indonesia. Eta anu jenten
sabab-musabab anjeunna tambih keuheul. Waktos bu A. S. naroskeun ka panata
calagra naha Malaysia mintonkeun seni anu sanes has Malayu, diwaaler cenah eta
teh mangrupi seni kontemporer di Malaysia.
Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah digembar-gembor ka
mancanagara, malah ku nagri deungeun dipintonkeun ka dunya internasional sabari
henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
Wassalam,
Asep
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.