Punten ngiringan.
Pang-pang na mah majuna hiji nagara ditangtukeun ku kahadean para pamingpin nagara jeung ulama. Lamun pamingpin na hade, ulama na hade yakin nagara na ge pasti hade alias maju. Kumaha di Endonesia ??????????????? Tina sababaraha kali ganti pamingpin nepi jeung pajabat can aya hiji oge anu hade, Aya nu hade tapi teu bisa walakaya da euweuh batur (henteu kompak). Kitu deui ulama na, nepi ka ayeuna ulam sibuk ngurus partai lain ngurus umat. Loba ulama nu ngajual dakwah nepi ka pasang tarif sagala. Jiwa pamingpin jeung pajabat pada-pada "KORUP" geus poho ka rahayat. Kajeun seubeuh jang sorangan daripada nyesa jang batur. Paribasa nu diajarkeun keur sakola euweuh nu dipalire contona "Ulah nanya naon nu rek dibikeun nagara ka urang tapi kudu nanya naon nu rek dibikeun ku urang ka nagara" Conto leuwih nyata deui para anggota DPR kamari ribut hayang laptop, lamun ceuk pamikir kuring mah da gajih geus gede terus manehna boga partai maenya teu bisa meuli sorangan mah. Pan hasilna ge jang nagara...??? Tah kukituna salila jiwa pamingpin, pajabat jeung ulama masih jang diri manehna sorangan jeung kelompok. ENDONESIA MOAL MAJU-MAJU. Nuhun, Cag. _____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Asep Hadiyana Sent: Tuesday, May 22, 2007 4:37 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Sual jajah-jajahan Solomon, nagri di tengah sagara Pasifik saurna mah nagara pangmiskinna di dunya. Eta nagri teh geningan jajahan Inggris. Finlandia, 900 taun (upami teu lepat) dijajah ku nagri tatanggana, Swedia. Saatos eta dijajah ku Rusia 100 taun. Ayana kalebet nagri pangmajengna. Janten, pribados sapuk yen henteu aya pakaitna antara mejengna sahiji nagara sareng sajarahna anu kantos dijajah Inggris. Majengna hiji nagara ditangtoskeun ku kaumna sorangan. Moal majeng sahiji nagara atanapi kaum lamun kaumna eta henteu ngarobah nyalira. Wassalam, Asep ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Rada aneh oge lamun aya nu beranggapan dijajah ku Inggris bakal maju, pedah ningali Singapur jeung Malaysia kitu? Na teu emut ka India, Pakista, Srilanka, negara-negara Timur Tangah, Afrika nu dijajah Inggris loba oge nu teu maju. Komo Palestina mah malah tanahna ku Inggris dipasihkeun ka Israel. Dugi ka ayeuna teu beres-beres. Perang teu anggeus-anggeus. Janten nu ngarana penjajah mah teu aya nu hade. Tapi nu penting oge urang ulah nepi dijajah ku bangsa sorangan. Kumaha carana supaya kamerdekaan teh bener-bener lain ngan saukur tepi ka pintu gerbangna wungkul, tapi keur karaharjaan. Memang eta mah hayang dijajah Inggris teh saukur heureuy meureun, tapi keur kanu sadar sejarah mah asa matak sedih oge, hehehe...... Baktos, -ika- 6. ............naon deui nya? ah pokona mah lah hese rek majuna lah! ngabuktikeunanan ku cara nyieun nagara sorangan, misah ti NKRI. bere tempo saratus taun sugan. cing bisa teu maju? mun enya henteu, gabung deui ka NKRI. heuheu. mun NKRI teu maju2 oge, menta dijajah deui we, engke mah ku Inggris sugan. _____ Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers <http://us.rd.yahoo.com/evt=48252/*http:/mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearc h?refer=1ONXIC> , not web links. -- geocities.com/ <http://geocities.com/mangjamal> mangjamal Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel and lay it on us. http://us.rd.yahoo.com/evt=48516/*http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_pan el_invite.asp?a=7 hot CTA = Join Yahoo!'s user panel _____ Be a better Globetrotter. Get <http://us.rd.yahoo.com/evt=48254/*http:/answers.yahoo.com/dir/_ylc=X3oDMTI5 MGx2aThyBF9TAzIxMTU1MDAzNTIEX3MDMzk2NTQ1MTAzBHNlYwNCQUJwaWxsYXJfTklfMzYwBHNs awNQcm9kdWN0X3F1ZXN0aW9uX3BhZ2U-?link=list&sid=396545469> better travel answers from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out.

