noong sareret, jigana pikeun ngabedakeun iraha "maneh" hartina "kecap ganti jalma kadua, jeung iraha "maneh" hartina "diri sorangan", bisa ditoong tina pola kalimahna.
upama "maneh" kakawinan jeung kecap gawe, jadi prasa "kecap gawe + maneh", di dinya "maneh" hartina diri sorangan. contona: nyangsara maneh, maehan maneh, nalipak maneh, jst. dina pola kalimah sejen, nalika kecap "maneh" sosoranganan teu dipiheulaan kecap gawe, tapi dipiheulaan ku kecap bantu panunjuk, jigana lebah dieu hartina jadi "kecap ganti jalma kadua". meureun, hehehe. salam, mh 1. nalika "maneh" sosoranganjadi --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mukaan kamus dina entri kecap "maneh" > 1. KUBS LBSS : maneh; 1.kecap gaganti ngaran keur jalma kadua " ieu buku bikeun ku maneh ka Kang Adun..", 2.diri pribadi,nyangsara maneh anu hartina nyangsara diri pribadi, maehan maneh maehan diri pribadi, sing bisa mawa maneh sing bisa campur gaul bari teu kudu kabawakeun ku nu teu bener. > 2. Dina Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : maneh, hartina gaganti ngaran jalema kadua, 2. nuduhkeun diri pribadi > 3. Dina Kamus Sunda Danadibrata : maneh ; gaganti ngaran jalema kedua, 2. kecap pikeun nuduhkeun diri pribadi. > dina kamus anu sanesna ge hartosna maneh ampir sami siga kitu. > ( cing engke urang taroskeun ka ahlina dina waktos kursus budaya Sunda.....sugan we teu hilap kitu ge....he he... > ) > MSasmita. > > ----- Original Message ----- > From: Djakaria Purawidjaja > To: [email protected] > Sent: Wednesday, June 06, 2007 12:37 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Seni rupa Sunda > Ass ww, > Tetep aya kapanasaran, sugan aya nu tiasa ngawaler, naha aya rambat kamalena kana budaya sunda ? Kaleresan aya rerencangan etnis sanes sunda tapi ngartos basa sunda, ari pok teh mere komentar cenah urang sunda mah sesuai bahasanya TIDAK PERNAH ADA YANG " BUNUH DIRI ", yang ada kapan " MAEHAN MANEH "! Mangga pangjelaskeun, abdi mah dugi ka ayeuna can mendak ! > Wass DP. >

