He..he...
  Euleuh geuning palalinter sejarah he..he..?
  Ngeunaan Helen of Troy mah pan seueur atuh dina Film film. Kuda troya...pan 
si Brad Pitt oge maen..TROY, he..he...Anu jadi Helen of Troy na teh upami teu 
lepat mah Diane Krugger. Si  Brad Pitt jadi Achilles jagoanana. ...ah pokona 
tipu muslihat nu kitu we lah.
  Ah Perang bubat mah abdi mah teu acan terang kumaha prak-prakanana, teu acan 
maca kang!. Eta we kan aya seri Gajahmada anu dikarang Langit Kresna Hadi,  
judul seri anu katilu teu lepat mah Perang Bubat. Can kabedag meser deui euy, 
karunya si ucu!!. Nembe anu kadua wae(ayeuna tos dugi ka jilid 4).
  Rame geura maca Gajah Mada, nambihan wawasan sajarah. Janten terang kunaon 
pasukan urang disebat Bhayangkara! da geuning aya sajarahna di Gajah Mada. 
  Di abdi aya 2 seri tah...ke lah upami aya deui rezekina meser anu seri 
saterasna.
  Naha ari Urang Sunda teu aya anu ngaguar sajarah urang teras di bukukeun? 
.....abdi mah aya rencana teh hiji sajarah urang mung hoyong panalitian heula. 
Tapi...pusingna teh idealisme katalian ku neangan jero peujit!! he..he...duka 
iraha tiasa......he...he..
  Naha urang Turki sejarahna di Illiyad kitu? secara geografis mah da caket 
antara Turki sareng Yunani teh, padeukeut pisan ngah kahalangan ku laut Ionia 
pan? upami teu lepat mah.
  Turki ge budayana siga budaya Cirebonan, sunda heunteu jawa heunteu. Turki 
mah pan dareah peralihan Asia jeung Eropa. Tah ieu tiasa di aos dina karya 
ORHAN PAMUK anu judulna My Name is Red....ngeunaan tukang juru gambar Istana 
Raja zaman Turki karajaan. cuman bahasana susah pisan. Pinuh ku simbolisai. 
   
  HN
   
  Sahman
  
-------------------------------------------------------------------------------
  Rupina si akang pemerhatos sajarah.

Sim kuring kataji ku perkawis Illyad. Illyad teh karya sastra (anu kapendak di 
Romawi?) anu nyarioskeun serangan prajurit aliansi wewengkon Yunani ka bangsa 
Troy (di Turki) salami sapuluhan taun alatan Paris (ti karajaan Troy) ngarebut 
Helen ti salah saurang pangawasa Yunani. Troy ahirna ancur lebur kumargi ditipu 
ku hadiah kuda-kudaan (kuda troy - trojan horse) anu dieusi ku prajurit eta 
aliansi anu ngayakeun serangan dina waktos bangsa troy tibra sare.

Keberadaan Illyad di Roma tiasa ngungkap sajarah karuhun urang Turki. Ampir 
sami sareng Kidung Sunda di Bali anu tiasa ngungkap perang di Bubat antawis 
kulawarga karajaan Sunda sareng prajurit Majapait pimpinan Gajahmada.



Website :
http://jatigede.bravehost.com/
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke