Sumuhun kang. Upami di tilik tina fisik mah urang Turki teh mayoritas siga 
urang Eropa. Malah urang Turki nyalira ngaraos urang Eropa sanes urang Arab. 
Hal ieu dijentrekeun ku salah saurang gegeden Turki waktos nyarios dina sidang 
plenopot International Telecommunication Union taun kamari di Antalya Turki. 
Namung kumargi agama urang Turki teh Islam, urang Eropa angger nganggap urang 
Turki sabage urang Arab. Hal eta anu dijantenkeun alesan Turki hese ditampi 
janten anggota EU.
   
  Wangsul kana Iliad sareng Turki, saurna mah Iliad teh puseur dayeuh karajaan 
Troy (bagian Turki) dimana raja ngadumuk. Iliad oge saurna mah nami naskah 
puitis anu ngagambarkeun perang di Iliad (Troy). Cenah mah naskah puitis anu 
pakait sareng Perang Troy teh kapendak di Yunani oge di Romawi. Naskah di 
Yunani jelas diserat ku urang Yunani anu mulang ti Iliad. Ari naskah di Romawi 
saurna mah diserat ku sabagian urang Troy anu salamet anu lumpat ka daerah 
Itali kiwari (nyaeta Aeneas saparakanca). Eta anu salamet dugi ka Romawi teh 
ngadegkeun karajaan Romawi sareng oge nyerat ihwal kadatangannana lumpat ti 
perang Troy di Iliad. (Dina taun 1870, arkeolog Jerman ngagali situs di tilas 
karajaan Troy. Kapendak oge Kuda Troya anu kantos dianggo aliansi Yunani nipu 
bangsa Troy.)

   
  Anu matak narik, sababaraha abad kapayunna, karajaan Romawi janten imperium 
anu oge ngawasa wilayah karuhunna di Turki. Dina sababaraha abad kapayunna 
deui. Urang Turki (anu sakaruhun sareng urang Romawi) balik ngalawan sareng 
ngarebut Romawi Timur waktos jaya-jayana kasultanan Turki. Sababaraha abad 
kapayunna deui, urang Turki merangan urang Yunani sareng hasil ngarebut Siprus. 
Ayeuna Siprus satengahna masih dikawasa ku Turki. Janten kacindekannana, 
kajayaan sahiji bangsa henteu abadi; kapungkur aliansi Yunani ngagempur 
sabagian Turki, sababaraha puluh abad kapayunna Turki sabalikna ngagempur 
Yunani sareng ngarebut sabagian Siprus (sabagian Yunani). Eta salah sawios 
pelajaran anu tiasa dipetik tina sajarah.
   
  Ngeunaan buku anu dikarang Langit Kresna Hadi, eta teh buku naon? Sanes komik 
'nya? Teras dimana tiasa digaleuhna?
   
  Wassalam,
  Asep
  

Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  

Ah Perang bubat mah abdi mah teu acan terang kumaha prak-prakanana, teu acan 
maca kang!. Eta we kan aya seri Gajahmada anu dikarang Langit Kresna Hadi,  
judul seri anu katilu teu lepat mah Perang Bubat. 


Naha urang Turki sejarahna di Illiyad kitu? secara geografis mah da caket 
antara Turki sareng Yunani teh, padeukeut pisan ngah kahalangan ku laut Ionia 
pan? upami teu lepat mah.
  Turki ge budayana siga budaya Cirebonan, sunda heunteu jawa heunteu. Turki 
mah pan dareah peralihan Asia jeung Eropa. Tah ieu tiasa di aos dina karya 
ORHAN PAMUK anu judulna My Name is Red....ngeunaan tukang juru gambar Istana 
Raja zaman Turki karajaan. cuman bahasana susah pisan. Pinuh ku simbolisai. 
   
  HN
   
  Sahman
  
-------------------------------------------------------------------------------






Asep

       
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.

Kirim email ke