mang,
cek pamanggih si kuring :) basa sunda memang (masih keneh) hirup kuat di
daerah.
kamari basa nyelang balik ka lembur di hiji kacamatan pasisian sumedang,
loba nu matak helok keur kuring, salah sahijina bahasa panganteur indungs
ngomong ka barudak utamana nu masih keneh balita, geuning geus loba nu make
basa indonesia. padahal, cenah, modal utama hiji basa bisa langgeng lamun
eta basa masih diajarkeun/dipake di imah. ningali hal ieu kuring (lain teu
satuju ka kaoptimisan kang miki ningali basa sunda masih dipake panganteur
di sakola) rada pesimis lamun basa sunda terus kuat di daerah, komo deui
ayeuna gempuran media-media basa luar sunda beuki rongkah. pamadegan kuring
basa sunda bakal tereh leungit :( teu wae di kota dalah di pasisian ge.

hal ieu katambahan deuih ku paningali jeung pandenge sikuring salila ieu
(najan paningal jeung pangdengena masih heureut). di sabudeureun tempat
kuring ngarereb di bogor nu cicing didinya kalolobaanna urang sunda, leuwih
ti 80%-na lah. geus larila cicing di dinya, geus nincak dua tilu generasi.
tah ti ningali jeung ngadengekeun lamun barudak dinya ngarobrol jeung
papadana, kuring sok nyieun cicindekan. salah sahijina:" nu bisa jadi
pawaris basa sunda teh lain budak awewe tapi barudak lalaki". kuring ningali
di barudak awewe leuwih gede kahoreamanna dina ngagunakeun basa sunda
tinimbang di barudak lalaki. padahal budak awewe engkena bakal jadi indung
nu bakal ngawariskeun basa ka budakna.

hal ieu lain wae katingali di sabudeureun pangrereban kuring. basa kuliah ge
kaayaan jiga kieu teh karasa. kitu deui di milis ieu... hehe

---
mang j, ngeunaan aksara latin rasa sunda jigana mah dina model ngejahna.
coba bangsa mana nu boga aksara jiga ieu : a eb ec ed e ef eg eh i ej ek el
em en o ep q er es et u ev ew eks ey ez hahahahaha

d
ps: kuring ngarasa yakin bangsa nu pangheulana (sagemblengna*) jadi bangsa
indonesia teh bangsa sunda!!! ku kituna kuring ngarojong pisan ka wacana
pindah ibukota baheula. jakarta dipindahkeun ka pontianak :) alesanna..
urang pontianak mah asaan urang malayu, nu budayana moal karobah teuing ku
dipakena basa indonesia. salian ti eta pontianak aya di tengah indonesia,
jadi moal aya deui alesan jauh keur pangwangunan haha

*dina harti geus teu ngarasa deui jadi bangsa sunda


On 8/27/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>     .....
> Cek pamanggih kang Miki, basa Sunda hirup kuat di daerah. Malah dijadikeun
> basa panganteur di sakola, malah cenah pelajaran bahasa inggris oge
> dianteurkeunana ku guru make basa Sunda. Ah, da baheula oge, keur SMP, guru
> matematika si kuring make basa Sunda. Soal Perda no. 5 taun 2003, alus
> pikeun nguatan basa Sunda utamana di kota gede Bandung. Tapi nya kudu dipake
> kalawan terang-terangan eces, jelas. Ari aksara sunda mah, perlu pikeun
> identitas, alus dipake tulisan tambahan dina hiji plang. ngan teu perlu
> teuing diajarkeun di sakola, da buku bacaan nu make aksara eta pan teu aya.
> Pamadegan nu sarua jeung kang Ajip Rosidi.
>
>  .....
>
> Kang Miki nyarita yen Sunda boga daya tahan tapi dina wujudan nu beda
> jeung batur. Harita teu aya kakuasaan nu dominant di TS, jadi pangaruh
> mataram, mangrupa basa jeung aksara jawa (hanacaraka) ditarima jeung dipake,
> oge samamehna, aksara arab pegon ti islam melayu. Sikep kitu oge cenah
> nembongkeun daya hidup Sunda. Open we kitu. Tapi angger cenah boga ciri nu
> mandiri. Nya da sanajan make aksara Latin oge meureun dab asana basa Sunda,
> jadi tetep boga ciri.
>
>
>


-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke