Kang, di Bandung nu resep kampanye basa sunda rek paeh sadayana ge US, salah
saratusna kapala disbudpar provinsi. Juragan Ijudin Budhiyana. Make
referensi ti unesco sagala.

 

Beh dituna mah juragan Ajip Rosidi. Kang Miki mah justeru boga kayakinan,
basa sunda boga daya hirup. Hartina salian ti aya terus, dipake, oge nya
ngalaman parobahan, boh ayana kecap nu leungit jeung nu anyar. Cek Ua Sas
mah, basa dina naskah kuno siga Bujangga Manik tahun 1600an loba bedana
jeung basa sunda kiwari. Si kuring asup ka kelompok nu optimis. Satungtung
aya US, BS baris tetep aya.

 

Perkawis urbanisasi, nu salah mah keukeuh pamarentah. Saha deui atuh, da
nyalahkeun setan mah bisi teu ngaku. Haha. Baheula UNPAD oge IKIP maruka
cabang di TASIK (nu si kuring apal, contona, Bah Willy R Wirantaprawira, nu
kantos damel di Max Planck institute di Heidelberg, (wirantaprawira.net)
lulusan UNPAD Tasik. Oge tatangga si kuring di lembur cenah lulusan IKIP
Tasik.  Tapi ti beh ditu mula, Unpad oge IKIP Tasik dibubarkeun. Akibatna
barudak nu harayang kuliah, kudu ka Bandung kabeh. Sabagian gede mah teu
balik pas lulus, kacuali sawareh nu ti UPI. Jadi arus urbanisasi beuki gede.


 

Pihak daerah maruka kampus pemda. Beh dieu eta oge, hade, pikeun ngurangan
nu parindah ka kota gede.

 

   _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of mh
Sent: Tuesday, August 28, 2007 9:38 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] daya hidup basa sunda

 

jigana wae sensei mikihiro, leuwih milih ngagedean hate nu miluan diskusi
tibatan noong realitas nu aya di lingkungan kahirupan us ayeuna. kaharti
kitu na mah, lamun sensei miki nyimpulkeun basa sunda rek paeh, meureun bisi
teu bisa balik, alamat aya nu megat di jalan. hehehe. aya nu katoong ku
kuring, upama mulang ka lembur. kiwari, budak ngora lulusan sakola dasar
atawa menengah nu teu bisa neruskeun sakola, teu saeutik nu milih jadi buruh
pabrik di kota. geus rada hese neangan budak ngora nu daek tatanen di desa.
dina mangsana balik ti kota ka lembur salah sahiji oleh-olehna diantarana
mawa basa urang kota ka desa, nu antukna, di lembur oge basa sapopoe teh di
lingkungan barudak ngora mah geus paselang jeng basa indonesia. kumaha
kira-kira ka hareupna, jigana rada bisa diprediksi, jiga kumaha basa sunda
ka hareupna. 

ngan disisi lain, kuring mah rada optimis kana basa sunda teh, ku ayana
INTERNET. katinggalina ieu media perlu dioptimalkeun ku US pikeun miara basa
sunda. ngan deui wae, salila ieu di urang rada kurang optimal dina
ngamangpaatkeun media komunikasi teh. contona media kaset, jigana rada hese
neangan sumber keur diajar basa sunda dina ieu media, lolobana mah apan ngan
ukur keur ngarekam lagu, teu pati aya nu dipake keur media atikan, utamana
basa. 


No virus found in this incoming message.
Checked by AVG Free Edition.
Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.9/975 - Release Date: 8/26/2007
9:34 PM



No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG Free Edition. 
Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.9/975 - Release Date: 8/26/2007
9:34 PM
 

Kirim email ke