jigana wae sensei mikihiro, leuwih milih ngagedean hate nu miluan diskusi
tibatan noong realitas nu aya di lingkungan kahirupan us ayeuna. kaharti
kitu na mah, lamun sensei miki nyimpulkeun basa sunda rek paeh, meureun bisi
teu bisa balik, alamat aya nu megat di jalan. hehehe. aya nu katoong ku
kuring, upama mulang ka lembur. kiwari, budak ngora lulusan sakola dasar
atawa menengah nu teu bisa neruskeun sakola, teu saeutik nu milih jadi buruh
pabrik di kota. geus rada hese neangan budak ngora nu daek tatanen di desa.
dina mangsana balik ti kota ka lembur salah sahiji oleh-olehna diantarana
mawa basa urang kota ka desa, nu antukna, di lembur oge basa sapopoe teh di
lingkungan barudak ngora mah geus paselang jeng basa indonesia. kumaha
kira-kira ka hareupna, jigana rada bisa diprediksi, jiga kumaha basa sunda
ka hareupna.

ngan disisi lain, kuring mah rada optimis kana basa sunda teh, ku ayana
INTERNET. katinggalina ieu media perlu dioptimalkeun ku US pikeun miara basa
sunda. ngan deui wae, salila ieu di urang rada kurang optimal dina
ngamangpaatkeun media komunikasi teh. contona media kaset, jigana rada hese
neangan sumber keur diajar basa sunda dina ieu media, lolobana mah apan ngan
ukur keur ngarekam lagu, teu pati aya nu dipake keur media atikan, utamana
basa.

On 8/28/07 , Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   mang,
> cek pamanggih si kuring :) basa sunda memang (masih keneh) hirup kuat di
> daerah.
> kamari basa nyelang balik ka lembur di hiji kacamatan pasisian sumedang,
> loba nu matak helok keur kuring, salah sahijina bahasa panganteur indungs
> ngomong ka barudak utamana nu masih keneh balita, geuning geus loba nu make
> basa indonesia. padahal, cenah, modal utama hiji basa bisa langgeng lamun
> eta basa masih diajarkeun/dipake di imah. ningali hal ieu kuring (lain teu
> satuju ka kaoptimisan kang miki ningali basa sunda masih dipake panganteur
> di sakola) rada pesimis lamun basa sunda terus kuat di daerah, komo deui
> ayeuna gempuran media-media basa luar sunda beuki rongkah. pamadegan kuring
> basa sunda bakal tereh leungit :( teu wae di kota dalah di pasisian ge.
>
> hal ieu katambahan deuih ku paningali jeung pandenge sikuring salila ieu
> (najan paningal jeung pangdengena masih heureut). di sabudeureun tempat
> kuring ngarereb di bogor nu cicing didinya kalolobaanna urang sunda, leuwih
> ti 80%-na lah. geus larila cicing di dinya, geus nincak dua tilu generasi.
> tah ti ningali jeung ngadengekeun lamun barudak dinya ngarobrol jeung
> papadana, kuring sok nyieun cicindekan. salah sahijina:" nu bisa jadi
> pawaris basa sunda teh lain budak awewe tapi barudak lalaki". kuring ningali
> di barudak awewe leuwih gede kahoreamanna dina ngagunakeun basa sunda
> tinimbang di barudak lalaki. padahal budak awewe engkena bakal jadi indung
> nu bakal ngawariskeun basa ka budakna.
>
> hal ieu lain wae katingali di sabudeureun pangrereban kuring. basa kuliah
> ge kaayaan jiga kieu teh karasa. kitu deui di milis ieu... hehe
>
> ---
> mang j, ngeunaan aksara latin rasa sunda jigana mah dina model ngejahna.
> coba bangsa mana nu boga aksara jiga ieu : a eb ec ed e ef eg eh i ej ek el
> em en o ep q er es et u ev ew eks ey ez hahahahaha
>
> d
> ps: kuring ngarasa yakin bangsa nu pangheulana (sagemblengna*) jadi bangsa
> indonesia teh bangsa sunda!!! ku kituna kuring ngarojong pisan ka wacana
> pindah ibukota baheula. jakarta dipindahkeun ka pontianak :) alesanna..
> urang pontianak mah asaan urang malayu, nu budayana moal karobah teuing ku
> dipakena basa indonesia. salian ti eta pontianak aya di tengah indonesia,
> jadi moal aya deui alesan jauh keur pangwangunan haha
>
> *dina harti geus teu ngarasa deui jadi bangsa sunda
>
>
> On 8/27/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >     .....
> > Cek pamanggih kang Miki, basa Sunda hirup kuat di daerah. Malah
> > dijadikeun basa panganteur di sakola, malah cenah pelajaran bahasa inggris
> > oge dianteurkeunana ku guru make basa Sunda. Ah, da baheula oge, keur SMP,
> > guru matematika si kuring make basa Sunda. Soal Perda no. 5 taun 2003, alus
> > pikeun nguatan basa Sunda utamana di kota gede Bandung. Tapi nya kudu dipake
> > kalawan terang-terangan eces, jelas. Ari aksara sunda mah, perlu pikeun
> > identitas, alus dipake tulisan tambahan dina hiji plang. ngan teu perlu
> > teuing diajarkeun di sakola, da buku bacaan nu make aksara eta pan teu aya.
> > Pamadegan nu sarua jeung kang Ajip Rosidi.
> >
> >  .....
> >
> > Kang Miki nyarita yen Sunda boga daya tahan tapi dina wujudan nu beda
> > jeung batur. Harita teu aya kakuasaan nu dominant di TS, jadi pangaruh
> > mataram, mangrupa basa jeung aksara jawa (hanacaraka) ditarima jeung dipake,
> > oge samamehna, aksara arab pegon ti islam melayu. Sikep kitu oge cenah
> > nembongkeun daya hidup Sunda. Open we kitu. Tapi angger cenah boga ciri nu
> > mandiri. Nya da sanajan make aksara Latin oge meureun dab asana basa Sunda,
> > jadi tetep boga ciri.
> >
> >
> >
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
>
>  
>

Kirim email ke