Hatur nuhun Ua infona. Upami teu lepat perkawis dana APBN kanggo nerbitkeun 
buku didugikeun oge dina diskusi dinten Saptu, saur rerencangan nu hadir. 
Kanggo abdi mah kaget oge, gening aya dana sakitu ageungna tina APBN, jigana 
teu kalaporan tah Gubernur oge. Info ti Ua janten bahan kanggo ngalengkepan 
laporan hasi diskusi kemis. Sakedahna mah diayakeun deui diskusi nu langkung 
daria pikeun evaluasi perda 5/2003 teh. Supados jelas naon wae nu atos atawa 
acan dilakukan ku Pemda. Oge keur netepkeun naon wae nu kudu dilakukeun ka 
hareupna. Panginten urang antosan ti Disbudpar kanggo ngayakeunana. Diskusi 
dinten kemis mah itung-itung ngamimitian, da saenyana karek diobrolkeun deui 
tah si Perda teh.
  Sakali deui hatur nuhun.
   
  -ika-

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Leres sim kuring ngahadiran eta diskusi, mung hanjakal sim kuring 
teu kabagean nyarios da waktosna tos seep, kabujeng magrib.
  Saleresna sim kuring teh tos mekel hiji dokumen anu rada ngaharib-harib kana 
kagagalan pelaksanaan perda no.5/2003, utama dina nyadiakeun buku pikeun urang 
Tatar Sunda.
  Ironisna nu ngayakeun buku teh hiji "badan" anu aya dilingkungan pemprov 
Jabar. Geura ieu datana (sanggeus di gulang gaper).
  Nyadiakeun buku pikeun 9 kota x 5 kalurahan x 600 exemplar ditambah 16 
kabupaten x 55 desa x 600 expl, jumlah jamleh 555.000 expl, 516 judul, biayana 
Rp 13,8 M, sumber dana APBN 2007.
  Tina 516 judul, 555.000 expl, buku basa Sunda ngan 9 judul (1,74%) lobana 
2.330 expl (0,42%), hargana Rp 64,5 juta (0,47%), jeung buku ngeunaan Sunda 
(orang Sunda/ kesenian Sunda) make basa Indonesia ngan 3 judul (0,58%) lobana 
1960 expl (0,35%) hargana Rp 48,54 juta (0,35%).
  Kuring teu pati telek kumaha distribusina ka desa/ kalurahan, lantaran anu 
ditingali teh persentase anu sakitu ganjorna jeung jumlah expl atawa judul 
sakabehna, eta ge geus mere indikasi teu pati aya komitmen kana perda no 5/2003.
  Ceuk pangarasa kuring, rada subyektif ieu mah, basa Sunda teh keur urang 
Sunda lain bae kudu maher basa Sunda sacara lisan tapi kudu bari jeung mindeng 
maca. Hal ieu geus rada kabuktian di Kusnet sorangan, sok mindeng katangen loba 
anu salah nulis basa Sunda, eta ciri arang langka maca buku/majalah/koran basa 
Sunda, entonglah lamun geus entep seureuhna basa, ejaanana we heula anu 
panggampangna ngalarapkeun e (lebet, asup) jeung eu (leubeut, loba buahna), 
kapan sok mindeng anu nulis pahili, siga nulis punten jadi punteun, sakali deui 
eta kitu teh kusabab arang langka maca buku basa Sunda, da meureun lamun osok 
mah maca buku Sunda moal nepi ka salah kitu. 
  Maca buku basa Sunda teh kudu aya bukuna, kudu aya anu dibacana, ari ieu aya 
kasempetan pikeun ngayakeun buku basa Sunda bet siga anu dimomorekeun, siga anu 
diapilainkeun. Sigana aya benerna Perda teh can disosialisasikeun utamana di 
lingkungan birokrat sorangan, da ari rahayat mah siga kuring, aya perda atawa 
teu aya perda tetep we deudeuh jeung mikaasih kana basa Sunda, maca buku Sunda 
osok sapoe sakali mah. 
  Kahayang mah cik atuh pemprov teh da geus aya perda-na pikeun ngamumule basa, 
sastra jeung aksara Sunda, dina ngayakeun buku teh 10% weh buku buku basa 
Sunda, meureun sakitu ge meujeuhna, apan ieu mah teu nepi ka 1%, boh lobana boh 
biayana.
   
  Basa poe Jumaah isukna (tgl 24 Agust 2007), kuring buru-buru nepungan sumber 
anu mere dokumen, sasadu basa kamari teh teu sempet ngabejakeun ieu masalah ka 
forum. Ieu sumber teh tuluyna aya niat muru ka Pa Wahyu, lantaran Pa Wahyu rek 
diulem ka Bapeda isukna, duka tah naha nepi ieu masalah atawa hanteu (Kang 
Manar teu nyerat dina laporanana, sigana Pa Wahyu ge teu ngaguar hal ieu). 
  Memang lamun hal ieu ditepikeun ka forum, ayana dina tataran praktis, 
praktekna dilapangan ngalaksanakeun perda, lain tataran teoritis anu kalan 
kalan karasa ngawang-ngawang, hayang ngaranggeum bentang, padahal saur Prof 
Herman Suwandi mah etos kerja urang Sunda teh butut (dina buku proseding KIBS 
jilid 2), tapi ketah ari dina tataran idea mah enya kudu alus, kudu hayang 
ngaranggeum bentang.
   
  Ka Teh Ika, hatur nuhun fc Perda-na, hanjakal harita sigana karawel ku Pa Us 
Tiarsa, da dikorehan dina rangsel teh teu aya,...he ..he..., apal aya perda 
tapi "suer" nembe maca harita.
   
  Hal kadua nu rek ditepikeun teh, hal data anu ngajugjug ka Rumah Baca Buku 
Sunda, ceuk eta data nu ngajugjug teh beuki nambahan, hartina buku basa Sunda 
aya nu maca keneh, teu kudu salempang teuing basa Sunda bakal leungit, lolobana 
nu datang teh masyarakat umum (lain pelajar, lain mahasiswa) boa nyahoeun boa 
henteu ayana Perda No.5/2003, tapi tetep we daraekeun maca. Ana kitu golontoran 
we atuh masyarakat teh ku buku buku Sunda, buku teh sing nyebar ka suklak 
siklukna, jeung deuih nu disebut buku basa Sunda teh ulah wungkul hal sastra 
atawa kasenian, tapi bisa bae dina hal tatanen, melak tomat, melak melon 
dijieun bukuna ku basa Sunda, miara lele, miara gurame ku basa Sunda, hal 
kasehatan ku basa Sunda, kaasup hal global warming alus lamun ku basa Sunda, 
ngamumule leuweung, jste.
   
  MSasmita
   
   
   
   
   
    
        Messages in this topic (0) Reply (via web post) | Start a new topic 
  

      Recent Activity
    
      16
  New Members
  
      2
  New Photos

Visit Your Group 
      Need traffic?
  Drive customers
  With search ads
  on Yahoo!

    Yoga Resources
  on Yahoo! Groups
  Take the stress
  out of your life.

    Endurance Zone
  A Yahoo! Group
  Learn how to
  increase endurance.



  .
 

    
---------------------------------
  Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when.   

  

                         

       
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when. 

Kirim email ke