Poe saptu pasosore aya acara diskusi jeung kang Mikihiro Moriyama. Tempatna di tobucil, aceh 52 asana mah.
Panitiana barudak seurieus, heru hikayat, kritikus senirupa adi kelas rada anggang, ari ti upi, jsb. Nu dibahas soal basa sunda, naon deui atuh da kang Miki mah mikiran eta. Hehe. Aneh nya aya urang jepang milu mikiran basa sunda sagala. Haha. Unggal agustus, usum pere, kang Miki ka urang, Bandung jeung ka daerah. Kamari ka cipasung terus ka kang Darpan di Garut. Cenah tas nempo pangajaran basa Sunda di SMP, di tempat kang Darpan ngawulang. Oge di Bandung, dianteur ku kang Cece Hidayat, guru basa Sunda di SMP 13. ari kahayangna mah cenah hayang mulang tarima ka Sunda. Duka kunaon atuh make hayang mulang tarima bari teu eureun2. taun 83 cenah, meunang beasiswa satauneun ti pamarentah RI, jaman daoed joesoef mentri P&K, s pikeun sakola di unpad, jurusan bahasa jeung sastra sunda. Taun isukna, meunang deui beasiswa ti mombusho, depdik jepang. Nya jadi dua taun. Ngalaman cicing cenah di hiji kulawarga di purwakarta. Desertasina meunang panghargaan ti lembaga ilmu pengetahuan jepang, cenah meunang pangwilujeng ti putra mahkota. Eta kitu, sigana pikeun Miki mah mangrupa pancen yen naon nu keur digarap kudu diteruskeun. Cek pamanggih kang Miki, basa Sunda hirup kuat di daerah. Malah dijadikeun basa panganteur di sakola, malah cenah pelajaran bahasa inggris oge dianteurkeunana ku guru make basa Sunda. Ah, da baheula oge, keur SMP, guru matematika si kuring make basa Sunda. Soal Perda no. 5 taun 2003, alus pikeun nguatan basa Sunda utamana di kota gede Bandung. Tapi nya kudu dipake kalawan terang-terangan eces, jelas. Ari aksara sunda mah, perlu pikeun identitas, alus dipake tulisan tambahan dina hiji plang. ngan teu perlu teuing diajarkeun di sakola, da buku bacaan nu make aksara eta pan teu aya. Pamadegan nu sarua jeung kang Ajip Rosidi. Hanjakal urang mah ari ka batur sok loba pangharepan. Aya nu hadir nanya ka kang Miki, naha cenah ari Jepang oge Thailand bisa make aksarana sorangan. Kang Miki nu handap asor, ngahuleng. Nya dibantuan we, da Jepang jeung Thailand teu kungsi dijajah. Sanajan jepang kungsi dikuasa amerika basa eleh PD II, aksara jepang tetap aya. Sabenerna masalahna lain eta di urang mah. Rek make aksara mana? Hanacaraka? Can tangtu urang sebrang, sumatera satuju. Ongkoh harita di urang aya dua aksara, kaum menak make aksara jawa hanacaraka, kaum pasantren, santri jeung rahayat kalolobana, make Arab melayu (pegon). Kang Miki nyarita yen Sunda boga daya tahan tapi dina wujudan nu beda jeung batur. Harita teu aya kakuasaan nu dominant di TS, jadi pangaruh mataram, mangrupa basa jeung aksara jawa (hanacaraka) ditarima jeung dipake, oge samamehna, aksara arab pegon ti islam melayu. Sikep kitu oge cenah nembongkeun daya hidup Sunda. Open we kitu. Tapi angger cenah boga ciri nu mandiri. Nya da sanajan make aksara Latin oge meureun dab asana basa Sunda, jadi tetep boga ciri. Perkara desertasina nu cek sawareh dianggap prokolonial, sabenerna mah teu kitu. Da salian nulis perkara peran walanda dina dunya percetakan jeung sastra sunda, oge naliti jumlah sakola abad 19 di jabar. Loba keneh pasantren! Pastina aya budaya tulis nu teu liwat pamarentah/dicetak. Ngan nu ieu teu dipaluruh cenah. No virus found in this outgoing message. Checked by AVG Free Edition. Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.9/975 - Release Date: 8/26/2007 9:34 PM

