Ngadongeng ah... Gaduh alo dua, Alhamdulillah sapasang. Nu pameget tos kelas 2 SD sanaos dibabarkeun di Bandung, tapi ageung di lembur ramana, Magetan Jatim. Kumargi ibuna riweuh, da ngiringan milari sahuap sakopeun sareng sakeupeul berlian, nya alo teh diasuh ku ninina katambih lingkungan sabudeureunana * nya pasti basana Jawa medok. Ari pere sok ka Bandung, hawatos tara aya nu ngarencangan da basana benten tinu lian. Emangna (pun adi nu bungsu) sok karunyaeun nyarios ka ibuna,"Cik atuh Ceu, budak teh diwurukan basa Indonesia, karunya sok disebut nu gelo ku budak leutik didieu, padahal eta teh basa Jawa*" Ku abdi diwagel,"Ntong, keun bae seuna basa Jawa da hirupna diditu, barinage basa Indonesia mah babari bisa diajar diluar, heug deuih lumayan paragi diajar kuring basa Jawa heheh.... Angguran mah, ajarkeun basa Sunda*" Pun adi satujueun, nya sakedik-sakedik diwurukan Basa Sunda ku anjeuna.
Alo nu hiji deui, ramana urang Lampung. Sanaos alit keneh, ku pun adi & pun biang sok diwurukan basa Sunda, ngan eta sok parebut ngawurukan da ramana hoyong diajar basa Lampung * heheh* Alhamdulillah, beunghar ku basa-basa we mah* ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 08/28/07 04:48PM >>> Sapuk, Ceu... Anu kairong ku uing mah perlu ayana komitmen ti kolotna, indung-bapana, ngeunaan atikan basa pikeun budak. Geus komo mun indung-bapana beda seke-seler, naha rek diatik basa-indung indungna, bapana, atawa basa sejen anu lain basa indung kolotna (ngarah adil, cokot we basa Rusia atawa Jerman... sugan). Jadi inget kapiadi di Bogor nu 'kasus'na sarua jeung kuring: indung Sunda, bapa Jawa, matuh di Bogor. Ayeuna soteh barisaeun basa Sunda, da keur laleutik mah sarusaheun. Ku guruna kungsi ditanya. "Ari maneh bet teu baleg. Indung urang Sunda, tapi teu bisa basa Sunda. bapa urang Jawa, tapi teu bisa basa Jawa. Na urang mana atuh ari maneh?" "Urang Indonesia, Pa..." bari aluman-alimen. Sababaraha waktu ka tukang wawanohan jeung hiji jalma, "sigana bisaeun basa Sunda, yeuh..." gerentes teh. Tina obrolan2 dina YM, horeng ieu jelema teh budak sakola SD. Jadi ngarandeg heula, ari jeung budak SD kudu ngobrolkeun naon nya? Memang eta budak aya keneh getih Sundana, boh ti indung atawa bapana, tapi sigana mah kolotna teu ngajarkeun basa Sunda ka eta budak. "Na ti mana atuh bisa basa Sunda?" ceuk uing teh. "Ti pembantu..." ceuk eta budak. -- sikandar kumincir.blogspot.com

