Lamun Urang sunda leungit basana, leungit oge jati dirina. Sok we, da dina segi
awak sareng pamenteu mah Urang Sunda teu benten sareng Urang Jawa. Lamun teu ku
Basa, ku naon ngabedakeunana. Jiga Urang Inggris sareng Perancis we kitu, da
lamun teu ku basa mah, hese ngabentenkeun urang Inggris sareng perancis.
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sapuk, Kang...
Aya deui conto, sakumaha anu didugikeun ku PR sababaraha dinten ka pengker:
pamaen asing Persib bingungeun nalika hayang bisa diajar basa Sunda, sabab
babaturanana pamaen anu urang Sunda sarangeuk, teu wanieun ngajarkeun alatan
ngarasa teu bisa ngawasa basa indungna sorangan.
Kitu deui anu kabaca dina notulensi anu didugikeun ku Teh Ika... Eta Kang
Budhyana (punten pami lepat) make jeung sasadu heula, alatan cenah basa Sundana
awon, pedah manehna urang pakidulan. Memang bisa bae nyarita kitu teh pedah bae
handap asor, tapi nyaan kuring mah kadang jengkel ka nu sok kitu peta teh...
Gara2 sieun salah, antukna eta basa ditinggalkeun...
On 8/28/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Conto-conto kasus sapertos kieu henteu sakedik. Hal ieu anu ngabalukarkeun
kamelang sabagian urang Sunda kumargi bade "bertahan" kumaha basa Sunda teh
upami urang sundana (manusia pendukungna) "tidak bertahan".
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha!
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.