Sapuk, Kang... Aya deui conto, sakumaha anu didugikeun ku PR sababaraha dinten ka pengker: pamaen asing Persib bingungeun nalika hayang bisa diajar basa Sunda, sabab babaturanana pamaen anu urang Sunda sarangeuk, teu wanieun ngajarkeun alatan ngarasa teu bisa ngawasa basa indungna sorangan.
Kitu deui anu kabaca dina notulensi anu didugikeun ku Teh Ika... Eta Kang Budhyana (punten pami lepat) make jeung sasadu heula, alatan cenah basa Sundana awon, pedah manehna urang pakidulan. Memang bisa bae nyarita kitu teh pedah bae handap asor, tapi nyaan kuring mah kadang jengkel ka nu sok kitu peta teh... Gara2 sieun salah, antukna eta basa ditinggalkeun... On 8/28/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Conto-conto kasus sapertos kieu henteu sakedik. Hal ieu anu > ngabalukarkeun kamelang sabagian urang Sunda kumargi bade "bertahan" kumaha > basa Sunda teh upami urang sundana (manusia pendukungna) "tidak bertahan". > -- sikandar kumincir.blogspot.com

