Sual kabingungan murangkali ngeunaan identifikasi etnisna, pribados oge
kenging pangalaman enggal. Dinten Ahad, 26 Agustus 2007, dikersakeun ku
pangeran, pribados ka Jl. Sukahati Cibinong, payuneun Perum Surya Praja Permai,
tutugan Jl. Raya Pemda. Waktos nuju calik dina bangku awi sisi jalan, handapeun
tangkal, bari ngararasakeun hawa Cibinong, pribados disampeurkeun ku 2 urang
murangkali. Anu saurang mah budak kelas 3 SMP anu dibubuligir henteu dibaju
bari udud, ari anu hiji deui mah budak kelas 1 SMK anu ngekeuweuk buku latihan
soal.
Waktos diajak ngobrol, kaleresan budak anu dibubuligir mah lancar tiasa basa
Sunda sareng ngajawab teges yen anjeunna teh urang Sunda waktos ditaros urang
mana urang manana ku pribados. Ari rencangna, henteu tiasa basa Sunda. Waktos
ditaros urang mana, anjeunna henteu ngawaler. Waktos ditaros naha anjeunna
urang Batawi, ngawaler cenah sanes. Anjeunna nimpalan cenah ibu ramana mah
tiasa basa Sunda; komo aki nini na mah. Pribados nyindekkeun yen jelas eta
budak teh turunan urang Sunda mung isin bade ngaku urang Sunda kumargi henteu
tiasa basa Sunda.
Conto-conto kasus sapertos kieu henteu sakedik. Hal ieu anu ngabalukarkeun
kamelang sabagian urang Sunda kumargi bade bertahan kumaha basa Sunda teh
upami urang sundana (manusia pendukungna) tidak bertahan.
Pribados mah apresiasi pisan ka urang Sunda anu gaduh kamelang kitu teh
kumargi kamelangna tiasa ngagugah urang umumna, pribados hususna, kanggo
milarian strategi supados basa Sunda henteu paeh minimal di kulawargi sareng
saderek saaki-nini.
Salut kanggo bapa Kadisbudpar Jabar sareng jajarannana, ku jalaran kamelang
aranjeunna kana basa Sunda, Pemda tiasa ngahasilkeun Perda No. 5 Tahun 2003
tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah. Panginten ayeuna mah
kantun milarian jalan / upaya naon wae kanggo ngalaksanekeun eta Perda supados
basa Sunda henteu paeh, tetep aya manusa pendukungna (penggunana).
Salam,
Asep
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: On 8/28/07,
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dihampura Jang Ndud, duka tah istri nu sanes mahâ¦heheh. Emut ka seratan abdi
kamari ngalepatkeun kaum abdi nyalira nyaeta para indung (sanaos abdi teu acan
janten indung). Saleresnamah tos teu jaman ngalepatkeun istri wungkul, da
seuseueurnamah istri ayeuna janten "wanita karir-iweuh" alias milu rieweuh
neangan sahuapeun sakopeun, nu waktosna langkung seueur diseepkeun di luar
bumi.
Sapuk, Ceu... Anu kairong ku uing mah perlu ayana komitmen ti kolotna,
indung-bapana, ngeunaan atikan basa pikeun budak. Geus komo mun indung-bapana
beda seke-seler, naha rek diatik basa-indung indungna, bapana, atawa basa sejen
anu lain basa indung kolotna (ngarah adil, cokot we basa Rusia atawa Jerman...
sugan).
Jadi inget kapiadi di Bogor nu 'kasus'na sarua jeung kuring: indung Sunda, bapa
Jawa, matuh di Bogor. Ayeuna soteh barisaeun basa Sunda, da keur laleutik mah
sarusaheun. Ku guruna kungsi ditanya.
"Ari maneh bet teu baleg. Indung urang Sunda, tapi teu bisa basa Sunda. bapa
urang Jawa, tapi teu bisa basa Jawa. Na urang mana atuh ari maneh?"
"Urang Indonesia, Pa..." bari aluman-alimen.
Murangkalih ayeunamah seuseueurna diasuh ku rencang (PRT), nu biasana
dicandak ti pilemburan.
Sababaraha waktu ka tukang wawanohan jeung hiji jalma, "sigana bisaeun basa
Sunda, yeuh..." gerentes teh. Tina obrolan2 dina YM, horeng ieu jelema teh
budak sakola SD. Jadi ngarandeg heula, ari jeung budak SD kudu ngobrolkeun naon
nya? Memang eta budak aya keneh getih Sundana, boh ti indung atawa bapana, tapi
sigana mah kolotna teu ngajarkeun basa Sunda ka eta budak.
"Na ti mana atuh bisa basa Sunda?" ceuk uing teh.
"Ti pembantu..." ceuk eta budak.
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
Asep
---------------------------------
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo!
FareChase.