On 8/28/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Dihampura Jang Ndud, duka tah istri nu sanes mah…heheh. Emut ka seratan > abdi kamari ngalepatkeun kaum abdi nyalira nyaeta para indung (sanaos abdi > teu acan janten indung). Saleresnamah tos teu jaman ngalepatkeun istri > wungkul, da seuseueurnamah istri ayeuna janten "wanita karir-iweuh" alias > milu rieweuh neangan sahuapeun sakopeun, nu waktosna langkung seueur > diseepkeun di luar bumi. >
Sapuk, Ceu... Anu kairong ku uing mah perlu ayana komitmen ti kolotna, indung-bapana, ngeunaan atikan basa pikeun budak. Geus komo mun indung-bapana beda seke-seler, naha rek diatik basa-indung indungna, bapana, atawa basa sejen anu lain basa indung kolotna (ngarah adil, cokot we basa Rusia atawa Jerman... sugan). Jadi inget kapiadi di Bogor nu 'kasus'na sarua jeung kuring: indung Sunda, bapa Jawa, matuh di Bogor. Ayeuna soteh barisaeun basa Sunda, da keur laleutik mah sarusaheun. Ku guruna kungsi ditanya. "Ari maneh bet teu baleg. Indung urang Sunda, tapi teu bisa basa Sunda. bapa urang Jawa, tapi teu bisa basa Jawa. Na urang mana atuh ari maneh?" "Urang Indonesia, Pa..." bari aluman-alimen. Murangkalih ayeunamah seuseueurna diasuh ku rencang (PRT), nu biasana > dicandak ti pilemburan. > Sababaraha waktu ka tukang wawanohan jeung hiji jalma, "sigana bisaeun basa Sunda, yeuh..." gerentes teh. Tina obrolan2 dina YM, horeng ieu jelema teh budak sakola SD. Jadi ngarandeg heula, ari jeung budak SD kudu ngobrolkeun naon nya? Memang eta budak aya keneh getih Sundana, boh ti indung atawa bapana, tapi sigana mah kolotna teu ngajarkeun basa Sunda ka eta budak. "Na ti mana atuh bisa basa Sunda?" ceuk uing teh. "Ti pembantu..." ceuk eta budak. -- sikandar kumincir.blogspot.com

