Dihampura Jang Ndud, duka tah istri nu sanes mah*heheh. Emut ka seratan abdi 
kamari ngalepatkeun kaum abdi nyalira nyaeta para indung (sanaos abdi teu acan 
janten indung). Saleresnamah tos teu jaman ngalepatkeun istri wungkul, da 
seuseueurnamah istri ayeuna janten "wanita karir-iweuh" alias milu rieweuh 
neangan sahuapeun sakopeun, nu waktosna langkung seueur diseepkeun di luar 
bumi. 

Murangkalih ayeunamah seuseueurna diasuh ku rencang (PRT), nu biasana dicandak 
ti pilemburan. Leuheung pami urang Sunda keneh, tiasa ngawurukan barudax sanaos 
songong oge*tapi rata-rata pami rencang tos dugi ka kota mah, basana sok rada 
"legeg" digentos janten basa Batawi . Salian ti rencang, aya oge nu diwiatkeun 
ka sepuh boh sepuh nyalira atanapi mitoha*kedahnamah sepuh teh tos pangsiun 
ngahenang-ngahening, kalahka "dikaryakeun" janten MC (Mengasuh Cucu) heheh* 
namina nini & aki tea ka incu mah sok "nyaah dulang" tapi, basa Sunda nu 
dilarapkeun langkung sae tibatan diasuh ku rencang.

Supados adil ambih teu pahiri-hiri, kahirupan Basa Sunda teh tanggel waler 
sadayana, utamina mah ibu ramana, ditambihan ku kulawarga ageungna kalebet 
lingkunganana.  
Heheh*punten ah, nuju kanceuh kokolot begogna.

ro2
nb : Jang, tong waka pipilueun ngarojong polygame, buktoskeun heula! hihih...


>>> [EMAIL PROTECTED] 08/28/07 10:06AM >>>
hihi... ku saha mang dicegatna? ku bobotoh? :))

ieu mah lain rek nambalang (hehe ngarespon) ka mang h tapi rek menta hampura, 
hususna ka awewe umumna mah ka kaum feminis hehe.. maca deui postingan kuring 
geuning jiga nuduh ka awewe nya? jiga nu neumbleuhkeun yen kahirupan basa sunda 
teh sagemblengna tanggungjawab awewe... hampura bisi matak nyentug kana angen.. 
eta postingan ukur ngagambarkeun naon nu kuring karasa katingali kadenge :) da 
geuning di urang mah nu ngurus budak teh "kudu" indung :) 

d
feminis pendukung poligami :)

Kirim email ke