Baraya, 
Hampura, pangrasa uing beda deui bae jeung baraya sadaya, ceuk uing "Dayang" 
bisa bae asalna tina kecap "Dangdayang" tapi lebih populer disebut "Dayang" 
hartina Putri atawa Bangsawan Awewe. Alesanana mah jigana Dayang anu asalna 
mangrupa panggilan keur awewe anu boga strata Putri Karaton jadi "Inflasi" 
atawa "mengalami penurunan makna" ti mimiti "dayang dina harti 'emban' 
sesebutan keur pelayan dilingkungan karaton, terus dayang dina harti psk. Tapi 
di lingkungan teureuh Kasultanan Kuitai Kertanegara, Kaltim seueur Istri 
turunan bangsawan Kutai anu nganggo "Dayang" contona Dayang Katini (Istri 
Bupati Kutai),   Dayang Nurfaizah Awang Dowty jrrd 

wassalam
dudi borneo
  ----- Original Message ----- 
  From: Aschev Schuraschev 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, October 26, 2007 12:07 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Rekonstruksi Gunung Sunda


  Leres kang, lepat upami digunakeun kecap "dayang" mah da hartosna ungkluk 
geuning. Jigana kecap anu leres mah "dangdayang". Numutkeun Sundanese English 
Dictionary  karya R. R. Hardjadibrata:
   
  Dangdayang (in old stories etc.) noblewoman, noble lady atanapi bangsawan 
istri.
   
  Luyu sareng seratan kang Edi Nugraha (kang Dudi Herlianto masih emut) wireh 
Sumbi teh putra raja, panginten Sumbi teh kungkur disebatna Dangdayang Sumbi. 
Mung duka iraha sareng kunaon beut robih janten Dayang Sumbi, henteu terang tah.
   
  Upami kecap dangiang, gaduh hartos anu sanes. Ngarujuk ka kamu anu sami, 
dang(h)iang teh hartosna suminar (bersinar). Dina basa Indonesia mah panginten 
hartosna teh aura.
   
  Salam,
  Asep

  Trisno Yuwono Triss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
    Kang Asep....punten kumaha upami nami Dayang Sumbi di robih janten Dangiang 
Sumbi ??
    sabab kesan tina nami "Dayang" teh asa kumaha nya.......?

    Sim kuring mah teu panuju pisan lamun sasakala Sang Kuriang   teh jieunan 
Walanda, lamun di salimpangkeun (rekayasa)  mah aya kamungkinan bener ......

    Kuring satuju mun Sasakala Sang Kuriang mangrupakeun siloka keur pi 
eunteungeun urang.....
    kuring ti kamari ngemutan naon rahasia siloka ieu ???

    Anu kapendak ku sim kuring mah "Sang Kuriang" teh gening "Sang Kuring", 
"Dangiang Sumbi" teh maksud na Indung, Ibu Pertiwi (Lemah Cai)... anu 
ngalahirkeun Sang Kuring...ieu netelakeun yen lamun urang boga kakawasaan ulah 
rek di pake ngaruksak ieu alam....
    Lamun Adi Luhung ulah jadi Adi Gung...(sugan bener ) 

    Sakitu pamendak sim kuring mah, Kang Asep....

Kirim email ke