Satuju Kang!
Da sabenerna mah, media anu bisa ngalestarikeun
warisan karuhun, teu aya deui iwal ti media massa
(media citak, eletronik, audio visual). Tinggal kumaha
cara mungkusna wae.

Metro TV, boga hiji acara, nyaeta mere panghargaan
"Eagle Award" ka sing saha wae anu boga kreasi dina
widang ngadokeumenterkeun kahirupan urang sapopoe.
malahan mah, ngayakeun "pelatihan" sagala pikeun anu
boga  minat kana urusan dodokumenteran.

Video Dokumenter Kang Ray Bachtiar, anu
ngadokumenterkeun upacara "ngalaksa" di Cikalong, bisa
jadi hiji conto, kumaha proses "kreatif" bisa jadi 
video.

Masalahna, cing saha atuh diantara para wadia KUSnet,
anu bisa nuliskeun ide-ide soal kasenian/kabudayaan
Sunda jadi hiji proposal anu bisa direalisir jadi hiji
film dokumenter.

baktos,

mrachmat uidipura


 
--- Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Mun muatan lokal siaran TV na rame mah pastina rame
> nu lalajo terus nu
> marasang iklan pasti daratang sorangan. Siga acara
> si Bolang atawa Jejak
> Petualang pan eta mah eusina dokumenter ngan nu
> "ngabungkusna" alus jadi
> loba nu kataji hayang lalajo. Meureun mun tayangan
> kasundaan eta oge dijieun
> jadi tayangan "Dokumenter Popoler" sigana bakal
> laku.
> 
> Maksudna kuring dokumenter populer teh eusina mah
> tetep kudu saluyu jeung
> pakem-pakem kasundaan tapi leuwih komunikatif jeung
> nimbulkeun kapanasaran
> jang nu nontonna. Tapi mun sinetron mah kalahka aneh
> meureunnya da pernah
> ningali aya carita sangkuring dimodernkeun ... ari
> kuring mah kalahka
> geuleuh ningalina ge.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke