Kang Asep....punten kumaha upami nami Dayang Sumbi di robih janten Dangiang 
Sumbi ??
sabab kesan tina nami "Dayang" teh asa kumaha nya.......?

Sim kuring mah teu panuju pisan lamun sasakala Sang Kuriang   teh jieunan 
Walanda, lamun di salimpangkeun (rekayasa)  mah aya kamungkinan bener ......

Kuring satuju mun Sasakala Sang Kuriang mangrupakeun siloka keur pi eunteungeun 
urang....
kuring ti kamari ngemutan naon rahasia siloka ieu ???

Anu kapendak ku sim kuring mah "Sang Kuriang" teh gening "Sang Kuring", 
"Dangiang Sumbi" teh maksud na Indung, Ibu Pertiwi (Lemah Cai)... anu 
ngalahirkeun Sang Kuring...ieu netelakeun yen lamun urang boga kakawasaan ulah 
rek di pake ngaruksak ieu alam....
Lamun Adi Luhung ulah jadi Adi Gung....(sugan bener ) 

Sakitu pamendak sim kuring mah, Kang Asep....



Sampurasun. 

----- Pesan Asli ----
Dari: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Rabu, 24 Oktober, 2007 9:27:12
Topik: [Urang Sunda] Rekonstruksi Gunung Sunda


Waktu kuring keur leutik, aya anu nyarita cenah sasakala Sang Kuriang 
(Sangkuriang) teh jieunnan Walanda pikeun ngarendahkeun martabat urang Sunda ku 
jalan nyieun dongeng yen urang Sunda turunan anjing jeung turunan babi. Tapi 
saenggeus manggihan sumber bacaan anu netelakeun yen Sasakala Sangkuriang teh 
geus aya saacan Walanda datang, kuring jadi yakin pisan yen Sasakala 
Sangkuriang teh asli warisan karuhun Sunda. Sumber bacaan kasebut nuliskeun yen 
Bujanga Manik nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara ku sasakala Sang 
Kuriang saperti kieu:
 
Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sakakala Sang Kuriang
Masa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan
 
Ngeunaan babi jeung anjing dina ieu sasakala mah ngarupakeun siloka. Hal ieu 
pernah diguar ku salah saurang anggota milis urangsunda sababaraha bulan ka 
tukang.
 
Dina sasakala Sangkuriang, dicaritakeun yen Dayang Sumbi nyieun akal supaya 
Sang Kuriang henteu ngawin anjeunna. Dayang Sumbi menta Sangkuriang sangkan 
manehna nyieun talaga (dano) jeung parahu dina waktu sapeuting. Liwat tengah 
peuting dano geus jadi sedengkeun parahu ampir jadi. Dayang Sumbi nyieun akal 
deui; kain bodas (boeh larang) hasil ninun anjeunna diabar-abar make kakauatan 
gaib sangkan kaciri beureum siga cahaya panon poe. Sang Kuriang, anu ngarasa 
kabeurangan, ambek pisan, parahu di talapung tepi ka nangkub. Parahu nangkub 
eta jadi gunung Tangkubanparahu. Sesa bahan parahu anu kari tunggul jadi Bukit 
Tunggul. Sedengkeun rangrang (ranting) sesa tangkal ngagunung jadi gunung 
Burangrang.
 
Sasakala Sang Kuriang diturunkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna sacara 
lisan pikeun ngawartakeun yen di wewengkon sakuliah gunung Tangkuban Parahu 
kiwari teh baheulana pernah aya dano, pernah aya gunung bitu waktu peuting 
(seuneu tengah peuting anu caangna siga cahaya panon poe waktu isuk) anu 
disusul ku munculna gunung Tangkubanparahu, Bukit Tunggul jeung Gunung 
Burangrang.
 
Kronologi kajadian dina sasakala Sangkuriang akur pisan jeung hasil 
panalungtikan para ahli geologi ngeunaan Gunung Sunda, Dano Bandung jeung 
gunung Tangkubanparahu.
 
Ceuk para ahli geologi, wangunan gunung Tangkubanparahu kiwari jeung 
sabudeureunnana saperti gambar dihandap ieu:
 
 
 
     
 
Ceuk para ahli geologi, oge ceuk kang T. BAchtiar, ahli Geografi, di antara 
gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji lengkob anu ngarupakeun 
dasar kaldera anu disebut kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya Situ Lembang, 
anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti Lawangangin terus 
melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera 
Gunung Sunda anu masih nyesa.
 
Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya congcot nu dingaranan Gunung Sunda, 
luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah 
lingkaran dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu 
sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu 
sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna 
ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl.
 
Ceuk kang T. Bachtiar deui, bisa jadi luhur nu sabenerna leuwih ti taksiran 
eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah 
pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan 
ayeuna cong­cot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan sapertiluna 
ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu ambrug 
waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung jadi bakal 
kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu hiji 
gunung.
 
 

 
 
Dina mangsa prasajarah, kira-kira 105.000 – 10.000 taun katukang, Gunung Sunda 
kungsi bitu ngaluarkeun gas gunungapi anu pohara kuatna, disebut tipeu plinian. 
Bitu gunung tipeu ieu mah nyababkeun matrial gunungapi disemburkeun ka 
wewengkon anu pohara jauhna, nepi ka Ci Tarum kiduleun Rajaman­dala kasaeur. 
Matrial gunungapi ieu mendet susukan Citarum Purba, anu ngakibatkeun jadina 
dano Bandung .
 
Gunung Sunda bitu kadua kalina dina kira-kira 10.000 - 5000 tahun ka tukang. 
Martial gunungapina harita keneh geus ngubur wewengkon anu lega pisan. Leuweung 
geledegan anu aya mangsa harita, anu kaina sagede-gede dreum, kakubur bareng 
jeung mahluk hirup nu aya di dinya, sato vertebrata badag siga badak, uncal, 
jeung hippopotamus (kuda nil) nu keur ngareueum di ranca-ranca kiduleun 
Rajamandala anu jauhna ± 35 km ti gunung Sunda. Areng kai saukuran dreum 
kapangih di pangalaan keusik di Ciseupan – cibeber, cimahi Kidul. Di dinya 
pisan aya tangkal kai anu geus jadi areng ngagaloler ngarah datangna awan panas.
 
Ku sabab loba matrial ti jero gunung anu dikaluarkeun waktu eta gunung bitu, 
bagian jero gunung jadi kosong. Hal ieu anu nyababkeun ambrugna sabagian gede 
awak Gunung Sunda, ngawangun kawah anu pohara legana, anu nelah disebut kaldera 
Gunung Sunda.
 
Ti sisi kulon kaldera mucunghul gunung anyar, nyaeta Gunung Tangkuban­parahu, 
Gunung Burangrang jeung Bukit Tunggul.
 
 
Referensi:
T. Bachtiar, Dano Bandung Purba (Sundalana Seri 6)
Edi s. Ekajati, Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, Pustaka Jaya, 2005
 
Salam,
Asep
 




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke