ngeunaan tapsir anjingbabi sangkuriang kungsi baheula diguar ku kang edy
nugraha. mangga kotektak di arsip milis. sabagian ku kuring pernah di
indonesiakeun terus ditempelkeun dina blog. tadina mah susuganan dibaca ku
batur hususna nu lain urang sunda. ngan hanjakal kurang iklan (bari jeung
teu goreng-goreng acan ketang blogna ge) jadi jigana mah can pernah aya nu
maca salian kuring haha... upama panasaran mah mangga jugjug
http://datiparang.blog.com//sunda/

On 10/24/07, Trisno Yuwono Triss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kang Asep....punten kumaha upami nami Dayang Sumbi di robih janten
> Dangiang Sumbi ??
> sabab kesan tina nami "Dayang" teh asa kumaha nya.......?
>
> Sim kuring mah teu panuju pisan lamun sasakala Sang Kuriang   teh jieunan
> Walanda, lamun di salimpangkeun (rekayasa)  mah aya kamungkinan bener ......
>
> Kuring satuju mun Sasakala Sang Kuriang mangrupakeun siloka keur pi
> eunteungeun urang.....
> kuring ti kamari ngemutan naon rahasia siloka ieu ???
>
> Anu kapendak ku sim kuring mah "Sang Kuriang" teh gening "Sang Kuring",
> "Dangiang Sumbi" teh maksud na Indung, Ibu Pertiwi (Lemah Cai)... anu
> ngalahirkeun Sang Kuring...ieu netelakeun yen lamun urang boga
> kakawasaan ulah rek di pake ngaruksak ieu alam....
> Lamun Adi Luhung ulah jadi Adi Gung...*(sugan bener )*
>
> Sakitu pamendak sim kuring mah, Kang Asep....
>
>
>
> Sampurasun.
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
> .ac.id
> Terkirim: Rabu, 24 Oktober, 2007 9:27:12
> Topik: [Urang Sunda] Rekonstruksi Gunung Sunda
>
> Waktu kuring keur leutik, aya anu nyarita cenah sasakala Sang Kuriang
> (Sangkuriang) teh jieunnan Walanda pikeun ngarendahkeun martabat urang Sunda
> ku jalan nyieun dongeng yen urang Sunda turunan anjing jeung turunan babi.
> Tapi saenggeus manggihan sumber bacaan anu netelakeun yen Sasakala
> Sangkuriang teh geus aya saacan Walanda datang, kuring jadi yakin pisan yen
> Sasakala Sangkuriang teh asli warisan karuhun Sunda. Sumber bacaan kasebut
> nuliskeun yen Bujanga Manik nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara
> ku sasakala Sang Kuriang saperti kieu:
>
> ,___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke