Hatur nuhun koreksina,- Muhun ... sanes subjek sareng predikat sigahna  .... 
mung ngangge hukum DM, diterangkeun sareng nerangkeun. Sapertos "kata benda" 
anu kawitna tina dua kecap, dina bahasa Indonesia mah sapertos Rumah Sakit, 
Rumah Makan, jrrd.... Rumah diterangkeun, sareng Sakit atanapi makan 
nerangkeun. 
   
  Kitu deui dina "suhu bumi manasan" atanapi Jagat raya manasan" , Suhu Bumi 
diterangkeun, sareng manasan nerangkeun. Kumaha upami kitu nya ? 

surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Global Warming mah pan kata benda (noun)anu
dihartoskeun tina proses pamanasan dunya. Global
sorangan adjektif janten teu tiasa janten subjek, amun
Globe kakara tiasa..warming pan adverb nerang keun
hiji proses anu diturunkeun tina verb, janten teu
tiasa disebat predikat.

Saya = I (subyek) memanaskan = heat (predikat) bumi =
the Globe (obyek)..

--- Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kumaha upami Global Warming teh disundakeun janten
> Suhu Bumi manasan? Suhu Bumi sabage subjek manasan
> sabage predikat. Kumaha tah?
> 
> Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Wilujeng wengi,
> 
> Kumargi kecap global kawitna tina kecap globe
> (bola bumi / bola dunya), kumaha upami global
> warming ditarjamahkeun janten manasna suhu bumi
> atanapi manasna suhu dunya.
> 
> Salam,
> Aschev
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Sunday, November 25, 2007 4:09:43 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Global Warming.....
> 
> ari hayang-hayang teuing mah ditarjamahkeun,
> cobaan atuh: global warming = bayeungyang sajagat
> 
> On 11/25/07, Oman Abdurahman < [EMAIL PROTECTED]
> com> wrote: Global warming, urusan
> badag. Sacara singget: ngaronjatna suhu rata-
> rata di ieu alam, alatan lakulampah manusa patali
> jeung sifat alam. 
> Keur gapura noong masalah global warming anu leuwih
> lega, naon deui 
> di internet mah lian ti Wikipedia. Mangga geura
> ilikan di dieu: 
> http://en.wikipedia .org/wiki/ Global_warming
> 
> Basa Sundana? Tah ieu anu rada hese. Terus terang
> wae, basa Sunda 
> rada hese narjamahkeun kalimat anu ngandung kecap
> barang tina kecap 
> gawe (warm-->warming). Ditambah deui kecap sifat di 
> hareupna. "Sarerea jadi Panas"? asa kurang pas,
> alatan 
> kecap "sarerea" mah biasa nuduhkeun manusa
> (sakabehna), 
> sedengkeun "global warming" tumerap lain wae ka 
> manusa. "Satungkebing Alam jadi Panas" atawa
> "Satungkebing Alam 
> Kapanasan"? duka tah, mangga wae raoskeun pas
> henteuna mah.
> 
> Global warming, masalah badag atawa sadunya (global)
> anu meredih 
> tindakan global nepi ka lokal (think globally, act
> locally). Anu 
> dipedar dina ngaguar eta perkara biasana:
> sabab-sababna kajadian 
> global warming, akibat-akibatna, jeung naon
> tarekahna anu bisa 
> dilakukeun boh ku manusa sadunya sagemblengna atawa
> ku tiap bangsa 
> nepi ka tiap individu. Tina pangaweruh lokal (local
> wisdom) anu bisa 
> nyegah global warming, naha bisa aya gerakan "think
> locally, act 
> globally"? Duka teuing.
> 
> Diantara bangsa-bangsa wae tacan patotos pisan
> ngeunaan sabab-
> sababna. Leuwih jelasna deui: aya nagara-nagara anu
> - sok sanajan 
> geus ngaku sabab musabab global warming - dina
> seuh-seuhanana mah 
> can ngaku jeung ngalakukeun kawajibanana. Kasus
> protokol Kyoto jadi 
> conto dina hal ieu kalawan Amerika tetep can purun
> nandatangan eta 
> kasaluyuan internasional pikeun nyegah satungkebing
> alam kapanasan 
> (hapunten sareng neda koreksina bisi si kuring
> katinggaleun 
> informasi dina lebah protokol Kyoto ieu).
> 
> Gas Rumah Kaca (GRK) mindeng dituduh salaku biang
> kasalahan anu 
> ngabalukarkeun muncunghulna Global Warming. GRK
> akibat industri anu 
> miceun eta gas ka awang-awang. Gas-gas ieu, kayaning
> karbondioksida 
> (CO2), metan (NH4). Eta gas-gas anu konsentrasina
> ngaronjat di awang-
> awang + Ozon ngabalukarkeun ieu alam jadi panas.
> Sabab eta gas-gas 
> teh bleg jadi sarupa kekeb di atmosfer nepi ka panas
> panonpoe anu 
> dibalikeun deui ku taneuh henteu parat mubus ka
> awang-awang luar, 
> balikta kaporog jadi manaskeun ieu alam. 
> 
> Sabab anu utama, lian ti gas-gas pamiceunan tina
> proses industri, 
> diantarana: deforestation alias leuweung anu jadi
> gundul atawa 
> ngabukbak leuweung nepi ka gundul. Tatangkalan anu
> ngabadeg di 
> leuweung di sakuliah dunya boga fungsi nganetarlkeun
> GRK. Kusabab 
> leuweungna beuki ngurangan alatan dibukbak tea, GRK
> jadi ngaronjat 
> ngabalukarkeun global warming. Kitu ceuk hiji teori.
> Teu nyalahan 
> teuing, da karasa ieuh, samangsa-samangsa tutuwuhan
> ngurangan di 
> hiji tempat, mangka pasti di eta patempatan
> bayeungyang wae karasana.
> 
> Global warming masih jadi masalah anu haneut
> dipadungdengkeun wae. 
> Sakapeung diskusina ngabuntut bangkong. Tapi, karasa
> alam mah beuki 
> panas. Kaayaan usum-usuman geus teu merenah deui.
> Anu tadina kuduna 
> mangsa hujan ngeucreuk, jadi panas nyongkab. Bulan
> anu kuduna panas, 
> jadi loba hujan. Parobahan alam mah tetep karasa 
> 
> Sanajan sawareh jelema masih natanyakeun perkara
> bener henteuna 
> teori global warming, kaasup sabab musababna jeung
> naon anu 
> diperedih ka manusa atawa bangsa-bangsa tina eta
> teori sangkan 
> global warming kahulag, tindakan saperti ngahejokeun
> deui leuweung 
> ku pepelakan mah tetep gede manfaatna. Miara
> leuweung kaasup tina 
> talatah miara kabuyutan. Lian ti manfaat keur
> ngahegarkeun deui 
> hawa, tatangkalan boga pancen sakitu gedena dina
> ngajamin kasadiaan 
> cai, sumber kahirupan urang sarerea.
> 
> Hurip kabuyutan leuweung.
> 
> manAR
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, John van der
> Ploeg 
> 
> <pinterpisan@ ...> wrote:
> >
> > Hapunteun abdi ngiring, milu ngomong.
> > Ceuk urang kampung di lembur nudicicingan kukuring
> mah ajeuna 
> Global Warming teh,
> > ,,Sararea Jadi Panas"
> > Didinya kurang cai, didieu lobateuing; ajeuna
> kuring katirisan 
> (ngahodhod) ai anjeun sadaya
> > kapanasan ciganamah bari murak buah gedong gincu.
> > Tinimbang neangan jalan kumaha mun tiris, mun
> kurang cai munloba 
> teuing, mun kapanasan
> > eh didunya kalah silih tunjuk, maneh nu
> salah..henteu silaing nu 
> nyabab keunnana.
> > Kalah silih hereng patarik tarik ngomong, pakuat
> kuat, tungtung na 
> mah perang.
> > Anu bodas anu hiedeung pokona mah jelema,manusa,
> kuring sorangan 
> oge ngan bisana
> > klagen naon bahasa Sunda na teh poho deui.Padahal
> ku Gusti nu Maha 
> Suci teh dibere dunya 
> > nu perfect teaya kakurangan, malah kalewihan. Tapi
> da manusa, 
> geus boga mobil
> > hiji kudu dua da siibu kudu make mobil eh poho si
> ujang jeung si 
> nyai oge kudu hiji ewang.
> > Kurang duit, gampang pake heula duit kantor kumaha
> engke, te 
> kapergok maok deui sing loba .
> > Ka Gusti Alloh Nu Maha Suci mah gampil, nu kristen
> ngaku dosa 
> jadi suci deui bisa maok deui.
> > Nu islam bawa, dulur ka Mekah, balik suci deui
> meni ngagenclang pa 
> haji, kurang duit maok deui
> > da nu batur ieuh. Kuring ge ciganamah mun dibere
> kasempatan, maok 
> oge, tapi da di pagawean teu
> > ngurus duit jeung pesawat 747 gede teuing mun dek
> disakuan. 
> > Tah eta ceuk manusa pinter di lembur kuring teh,
> sarerea jadi 
> 
=== message truncated ===

__________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how. 
http://overview.mail.yahoo.com/


                         

       
---------------------------------
Be a better sports nut! Let your teams follow you with Yahoo Mobile. Try it now.

Kirim email ke