Halow kang Maman G, kumaha damang?
punten waktos manakiban teu kungsi nepangan.

ngiring mairan ( sok sanajan kakara maca buntutna wungkul...)


dina tulisan di milis ieu perihal "Miteskeun Mitos Ngahuma"
kuring manggihan masing-masing anu mairan boga tekad hayang ngagedurkeun rasa 
"gede hate" salaku US.
ari cara pandang/titincakan beda mah biasa ceuk kuring mah, nu penting TUJUAN. 
(tujuan men..tujuan, proses/jalan mah nuturkeun, bisa di taratas he..he..).
Tah keur ngahontal tujuan eta urang perlu Modal.
Modal dasar US oge sakabeh jelema di jagat raya ieu sarua, sami. ( ieu teh beja 
ti babaturan kuring nu pang bageurna jeung pang bisa dipercayana. kuring boga 
kawajiban 5xsapoe badami jeung Manehna teh, ngan he..he...seseringna mah sok 
belang betong).
Cenah aya seler anu "Maju", mundur, ngerem ngadadak he..he...nya eta mah saluyu 
jeung anu diusahakeunana.
ceuk kuring mah seler mah ngan saukur "TJAP"/identitas supaya urang bisa 
ngukur/ngeunteung  "tjap" mana anu "Maju" jst...

coba ilikan ieu:
IDE/PAMIKIRAN -> RARANCANG/PLAN -> PRAKNA/DO -> NGARIKSA/CONTROL -> 
EPALUASI/EVALUATION ->IDE/PAMIKIRAN
kira-kira kitu lah pelajaran ti pa guru anu kukuring ka tewak.
Jadi anu dipadungdengkeun ku urang masih dina undakan "PAMIKIRAN" ( kudu di 
lakonan undakan saterusna lamun hayang nepi atawa sahenteuna ngadeukeutan tujua 
n/ "Kamajuan" tea). Heug wae ari bekgrona he,he,, (kasangtukangna) mah  rek 
make budaya, mitos, alam gaib, dukun lepus paraji sakti, jrrd. Da ceuk 
babaturan kuring deui lamun teu luyu jeung aturan-Na pasti/pasti pisan moal aya 
kamajuan.

"> Ngahiji kanggo naon kang?"
ceuk kuring pananya diluhur bisa ngandung harti :
kapok ngahiji lantaran ngarasa euweuh gunana. (sok dibohongan, dihianatan 
kubabaturan sabeungkeutan)
sebel ngahiji, lantaran ngan ukur dimangpaatkeun wungkul.
hayang apal tegesna naon "TUJUAN" ngahiji?
ngarasa can perlu ngahiji, kusorangan wae okeh lah! (ceuk si cepot tea mah), 
jrrd.
ceuk kuring deui, perluna ngahiji kulantaran "teu bisa ku sorangan"  (Kang 
Bilgates oge Uwa Bush oge sakitu jagona geuning perlu loba balad)

Balik deui kana MItos Ngahuma, jrrd mitos2 lianna mangga wae pilih, saluyu teu 
jeung tujuan urang (US). (kumaha geuning sok aya tujuan anu didingding kelir?, 
..ah eta mah biasa dinamika kahirupan. heug wae rek make kelir naon wae oge da 
engke na oge pasti katohyan. urang wae sing caringcing pageuh kancing ulah asal 
ngahiji kaditu kadieu padahal teu jelas tujuanana/jelas tapi teu konsisten/siga 
nu jelas padahal aya hurang mungkuy handapeun batu. he..he...dasar kahirupan.)

kang Maman, MJ, oge wargi kusnet sadaya, tujuan kuring milu mairan ieu:
1.Urun rembug pamikiran "IDE" tea he..he..
2.Diajar nulis, kabita ku MJ, Kang Maman, oge "Andrea Hirata".
3.Promosi/Pamer "Warung Buku Bolotot" di www.bolotot.com (tah ieu mah geus dina 
undakan "PRAKNA/DO", pang ngadoakeunnya sing lungsur-langsar)
4.....(sing ati2 pasti loba tujuan2 lianna he..he..)

sakitu anu kapihatur, hampura bisa aya "langkung saur bahe carek"


baktos
soni
www.bolotot.com













  ----- Original Message ----- 
  From: Maman Gantra 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, December 28, 2007 12:55 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Miteskeun Mitos Ngahuma


  --- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Ngahiji kanggo naon kang? 

  Ngahiji tangtuna lain dina harti formal mangrupa organisasi -- 
  sanajan aya pakaitna jeung oorganisasian oge. Maksud kuring, kumaha 
  getih goib eta - mun tea mah aya - ngajirim? 

  Contona: Kasus Batutulis baheula. Ku implengan kuring, basa aya 
  gempungan di Kebon Raya, urang Sunda (omat urang sunda di dieu lain 
  dina harti Kusnet, tapi bangsa Sunda umumna) bakal metet di eta 
  acara. Buktina? Ku taksiran, teu nepi ka sarebu! Naha, kasus eta teu 
  bisa noel kasadaran urang Sunda salaku hiji komunitas? Teu bisa 
  ngajirimkeun getih goib tadi? (Kalah kuring bae kawiwirangan, kuram-
  kireum, basa taun hareupna, ditanya ku Adhi Massardi: Kabagean 
  sabaraha? Singhoreng, sawatara kolot urang - ceuk Adhi - narima duit 
  ti Said Agil. Rek nanyakeun langsung ka Said Agil poho bae. Padahal, 
  ayeuna, pan, anjeunna jadi tatangga kuring? Di Penjara Salemba, kari 
  leumpang ka wetankeun ti imah).

  Sanajan cawerangna urang Sunda dina gempungan eta bisa dijawab ku 
  asumsi-asumsi atawa analisis nu leuwih optimistis - ti mimiti nu 
  sipatna praktis-pragmatis (kaweur ku gawe atawa sakola, atawa teu 
  boga ongkos pisan, nepi ka teu bisa datang ka eta gempungan), nepi 
  ka nu sipatna ideologis (lain teu ngarasa urang Sunda, tapi keur 
  nanahaon nguruskeun "arca" titinggal jahiliyah?) - keur kuring mah 
  sababna ngan hiji: Taya lian ti artefak budaya huma eta (nu dina hal 
  ieu paaing-aing atawa teu paduli ka nu lian, "teu nanaon ku naon-
  naon", "sahumana-sahumana", "sapipina-sapipina") nu nyangkaruk dina 
  DNA urang Sunda. 

  Pon kitu deui perkara teu bisa ngahijina mayoritas elite-elite jeung 
  organisasi nu nyampak. Sakali deui, lain kudu diwadahan ku 
  organisasi tunggal. (Jeung omat: elite. Sanajan masih nganggap 
  kasadaran jeung kaparigelan urang dina oorganisasian masih kurang, 
  da boga "warisan" ngahuma tea, kuring teu ngawawaas kumna urang 
  Sunda jadi aktivis organisasi). Atawa saragamna pamadegan. Tapi, aya 
  heunteu kasadaran keur ngagarap isu nu sarua, nu kira-kira bisa 
  ngawujudkeun getih goib eta, nu sipatna positif? (Sanajan, engke, 
  cara ngalarapkeunnana beda-beda). Aya heunteu forum komunikasi antar 
  organisasi ka-Sunda-an nu digarap leuwih daria? Karuhan, aya heunteu 
  usaha-usaha nu leuwih daria dina ngaraeh sora-sora ti somah atawa ti 
  organisasi-organisasi nu leuwih leutik atawa nu masih lelengkah halu 
  mah? Sakanyaho kuring mah meh euweuh. Mun urang nyieun gempungan ka-
  Sunda-an, sanajan dialpukahan ku "aktor-aktor" anyar, format atawa 
  pamilonna balik deui ka eta deui ka eta deui. Sabalikna, komunitas 
  anyar ge siga nu kurung batok, atawa cadu pisan kadar silaturahmi 
  jeung komunitas lian,naha nu sarua anyar atawa nu geus leuwih lila 
  makalangan - nu kadituna, bisa ngawangun hiji sinergi.

  Pangalaman lian: Sawatara waktu ka tukang, kuring "aktif" di hiji 
  komunitas Sunda. Aranjeunna ngadaramel yayasan - nu keur kuring 
  jeung sawatara batur lianna, pikeun ngawadahan aktivitas eta 
  komunitas. Teu ku hanteu, lajuna eta yayasan rada ngeyeted. Aya ari 
  ayana mah kagiatan. Ngan nyakitu, keur kuring, kurang nyugemakeun. 
  Lain bae kagiatan nu aya "kurang konseptual", tapi nya ukur 
  ngagugulung nu aya. Teu ngawadahan aspirasi lain nu nyampak di eta 
  komunitas. Nu jadi faktor dominan, nya DNA budaya huma eta: Antara 
  pangurus jeung anggota komunitas lianna, nu ngarasa teu kawadahan 
  aspirasina, pakeukeuh-keukeuh. Itu embung, ieu teu daek. Padahal, ti 
  jihad pangurus, ceuk kuring, tinggal nyieun SK atawa wadah keur eta 
  aspirasi. Ti pihak "oposisi", tinggal nyederhanakeun kagiatannana 
  atawa tuntutannana. Batu turun keusik naek.

  Antukna mah... teuing. Da, kuring geus teu di dinya. Bari, 
  sirikna, "dimarusuhan" ku duaanana. Dianggap plinplan. Ngan, nu 
  nongtoreng dina ceuli nepi ka kiwari, kasauran aranjeunna -- boh 
  ti "oposan" oge pangurus, nu intina: "Sabar, Jang. Urang mah turunan 
  jalma huma, sok pakeukeuh-keukeuh". Atawa, disimbutan ku "beda 
  visi", nu keur kuring kadar alesan pikeun misah ti nu geus aya.

  Tah, ningali kitu, lian ti sok jadi paneumbleuhan ("da urang mah 
  urang huma"), oge teu matak jadi mangpaat, nya urang piteskeun bae 
  eta mitos teh. Karah "mepende" jeung jadi paneumbleuhan, justifikasi 
  tina katuna urang pikeun "ngahiji". (Kaasup "mitos" posmodern 
  oge "sugema mah aya na pikiran", siga ceuk tadi, kudu dikritisi. Mun 
  lain dipiteskeun oge).

  Dina konteks komunikasi massa, pakait jeung tulisan MJ hususna, 
  kahayang kuring (tuh, pan, geus nafsu deui bae nu digugulung teh? 
  Kahayang....), isu eta mah tong disebut-sebut. Malah, alusna, 
  apungkeun isu-isu nu bisa miteskeun mitos eta. Kumaha urang 
  bisa "ngahiji" tadi. (Nya, di dieu relevansina ajakan nu disodorkeun 
  ku Kang Tirta - meureun. Ku ngapungkeun isu budaya basisir, 
  misalna). Kumaha getih teh teu ukur goib. Tapi, natrat dina hirup 
  nyata - paling heunteu, nu tadi, di tingkat elite-elit Sunda 
  sorangan atawa leuwih leutik deui: Di antara elite-elite organisasi 
  nu aya. Boa-boa, getih goib teh ukur mitos deui bae? Ukur aku-akuan 
  bae? Deui-deui kadar ngupahan maneh, muji maneh, atawa mepende hate? 

  Kitu, meureun, mun dibejer beaskeun mah, MJ - oge nu lianna, nu 
  kabeneran molototan ieu pangacaprukan. Hampura pisan, mun euweuh nu 
  anyar dina komentar atas komentar atas komentar ieu. Oge, hampura, 
  mun kuring masih siga nu nyiduh ka langit - bari masih dihieuman ku 
  modernisme, malah siga nu ngahucuhkeun developmentalisme pisan. 
  Bongan, dina panoong kuring, nya perkara ieu nu jadi salahsahiji 
  pasoalan urang teh - kritis kana adat suradat umumna, miteskeun 
  mitos ngahuma hususna. Omat, dina konteks huhumaan, lain pedah 
  kuring teu kaajakan atawa hayang diajakan. Lain. Keur sakuringeun, 
  geus sugema lamun elite-elite Sunda nu aya, atawa elite-elite dina 
  hiji organisasi ka-Sunda-an "ngahiji" - nepi ka wacana nu mucunghul 
  teh lain alatan "asa ditinggalkeun", tapi memang obyektif, pasoalan 
  nu leuwih subtantif. Kuring sorangan, siga salila ieu, cukup aya di 
  luar eta -- rumasa pan kuring mah teu satigin nu lian dina su-Sunda-
  an teh. Ongkoh kuring mah hayang nurutan MJ: Sugema mah aya dina 
  pikiran, teu nanaon ku nanaon. Hehehe...

  Cag heula, ah. Bisa tambah panjang ngacaprukna.

  Eh, Epigram-na can maca, euy. Kungsi meuli, ngan dibikeun ka budak 
  Lampung jeung budak Balikpapan. (Lain dibikeun, ketang. Dipenta. Da 
  nu mentana awewe, budak SMA jeung guru SMP, nya dibikeun). Hampura 
  oge, "resensi" Rakaustriana-na teu kapuluk pisan. Iraha-iraha urang 
  jieun deui. Ngan, intina, salah sahiji pamanggih kuring - nu, biasa, 
  nyanyahoanan: Bahan alus (sajarah jeung mitos-mitos nu nyampak di 
  urang, utamana Ciamis, nu "geueuman" jeung memang boga sajarah jeung 
  posisi khusus dina sajarah Sunda), cara ngolah (di antarana, nu 
  kuring inget, bagian Mang Kaning ngabelesat ti Cihideung ka 
  Tangkuban Parahu) kurang alus. Ku paningal kuring, iklim 
  surealistikna bisa ditingkatkeun deui. Komo, mun kaweruh filsafat di 
  dinya dibarungan ku basa jeung sikep nu leuwih "seurieus" mah - 
  tong "pragmatis" teuing. Wani gelo siga Nietszche. Bisa postmo abis, 
  bari nedunan standar-standar lirisisme jeung kaparigelan basa jalma-
  jalma kawas Goenawan. Tapi, kitu ge meureun. Rumasa lain manukna 
  jeung teu suhud nitenan sastra - sakumaha kahirupan lianna. 

  Ka Mas Bambang, hampura kituh ngaji Chopra-na teu diteruskeun. 
  Kaburu beak bekelna. 



   

Kirim email ke