sok sanajan can pati ngarti pisan naon anu dimaksud
..diaspora..tapi sok mindeng ngareungeu, naha dina
bacaan atawa dina obrolan. Ngahaja dialungkeun ka
babakan KUSnet, sugan wae atuh aya anu ngajentrekeun
leuwih eces.
Diaspora teh salah hiji fenomena ku seringna hubungan
komunikasi (bahasa) antar etnis, naha di tingkat
lokal, regional atawa kasajagatan.sok sanajan otak teh
sacara otomatis ngatur basa mana anu rek dikedalkeun
dina komunikasi jeung macem-macem etnis, tapi
tempo-tempo otak teh sok "tulalit" oge. Tah,
katulalitan eta, ayeuna jadi hiji tren di sabagean
kalangan nonoman ngora kota. Basa atawa istilah anu
dipake pikeun komunikasi oge jadi gado-gado tina
sagala macem basa. Contona, istilah "jomlo", anu
tadina aslina "jomblo" dina basa Sunda, jadi hiji basa
komunikasi anu ilahar di nonoman perkotaan. Heunteu
risi, sumawona era,migunakeun basa eta, pedah ti basa
daerah.
Pergaulan antar etnis, anu tadina cukup ku ngan
sakadar migunakeun basa, tapi kiwari hal ieu teh aya
pakaitna oge jeung pacampurna antarbudaya. Ku ayana
campuran antara budaya ieu di tingkat kasajagatan, aya
dua reaksi ekstrim. Aya anu ngarasa perlu "menyelami"
budaya asli, balik jadi resep ngulik perkara budaya
asli. Aya oge anu ngarasa perlu ancrub sagemblengna
kana budaya kasajagatan. Jadi teu heran lamun KUSnet
ieu rame anggotana, ti macem-macem golongan, profesi,
naha urang daerah, atawa urang daerah anu aya
dipangumbaraan, atawa anu aya di nagri deungeun. Ngan
hanjakalna teh, topik topik anu dipedarkeun kurang
euyeub nembrakeun "kaberagaman" minat, profesi jeung
pangalaman para anggotana.Padahal salah sahijina
fungsi KUSnet ieu teh, pikeun silih simbeuhan sagala
pangaweruh ku cara ngedalkeun dina basa Sunda. upama
kaayaan KUSnet siga kieu wae, para anggotana teu wani
ngedalkeun pangaweruh atawa pangalamanana dina nyorang
kahirupan, sarua wae jeung "maehan maneh".
baktos,
mrachmat Uidipura
keur diajar "ngomporan" baraya KUSnet sina "hudang"
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ