Fenomena diaspora sejenna, nyaeta anu aya di kalangan
para TKI, TKW. Sok sanajan can aya anu nalungtik
kumaha komunikasi diantara maranehanana, tapi pastilah
aya kaunikan-kaunikan. Jiga hiji conto anu
didongengkeun ku Dr. Melani Budianta.
Hiji mangsa inyana manggihan TKI di Malaysia, diajak
ngobrol make basa Indonesia. Ari pokna teh ngajawab
make basa Malayu Malaysia, padahal ngaku urang
Indonesia. Tapi dina waktu harita keneh, eta TKI
ngomong jeung babaturanana di sabeulahna, make basa
Jawa Purwokerto lengkep jeung logat jawa anu kentel
pisan.
aya hiji panalungtikan ti nagri jiran (Filipina),
bahasa anu dipake jeung kabiasaan anu aya di
lingkungan para TKF (tanaga kerja Filipina)anu gawe di
luar Filipina. malahan mah, cenah eta para TKF teh
nyieun hiji komunitas para TKF boga media pikeun
nyaritakeun sagala pangalamanana salila gawe di nagri
batur. Basa-basa anu dipake di lingkungan para TKF eta
jadi hiji tren, biasa diparake ku urang Filipina, jadi
hiji kareueus. Nya kitu oge, cenah di Malaysia jeung
singapura, basa di kalangan para nonomanana
campur-campur English logat melayu, Melayu, India.
Pokona lamun teu make basa eta, ngarasa teu "gaul".
Dina kasus KUSnet, tren siga di luhur oge, jigana
narekab diantara para anggotana. Samisal istilah
"surelek (surat elektronis)", "jagat nyeungkab (global
warming)", jrrd. Jadi kacindekanana teh, topik,
basa/istilah di hiji komunitas boga potensi pikeun
jadi diaspora, leuwih jero deui bisa jadi hiji "tren"
dina hiji mangsa ka masyarakat.
baktos,
mrachmat Uidipura
purah nunggu jagatmaya UI
--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> sok sanajan can pati ngarti pisan naon anu dimaksud
> ..diaspora..tapi sok mindeng ngareungeu, naha dina
> bacaan atawa dina obrolan. Ngahaja dialungkeun ka
> babakan KUSnet, sugan wae atuh aya anu ngajentrekeun
> leuwih eces.
>
> Diaspora teh salah hiji fenomena ku seringna
> hubungan
> komunikasi (bahasa) antar etnis, naha di tingkat
> lokal, regional atawa kasajagatan.
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping