Sonten kemis ieu, tabuh 6 sonten, kuring nampi SMS,
ondangan pangeling-ngeling HUT ka-60 Hermawan
Kertajaya, urang Surabaya, angota MWA UI, ahli
"Marketing plus" di Hotel Mulia Senayan Jakarta.Acara
ngawitan ti tabuh 7, padahal Depok nuju hujan
ngaririncik. Kabayang wae jalanan ka Senayan Macet.
paling oge lamun datang, acara tos lekasan, ah mending
ngerem maneh.
Padahal mah, dina eta acara, aya pidato kabudayaan ti
Rektor UIN Prof.Komarudin Hidayat (bojona teh asli
urang Majalengka). Judul pidatona "Silk Road in
Indonesia". Kabayang wae, pasti eusi pidatona bakal
jadi beja utama di koran,majalah jeung televisi. Margi
eusi pidatona teh anu aya pakaitna Islam sareng Cina.
Sababaraha kali ngimeutan eusi pidato kang Komar ieu,
sok aya wae anu munel, sareng janten bahan
"pencerahan". Tapi kuring leuwih muji ka Hermawan
Kartajaya, anu "wani" ngondang salah sahiji tokoh
Islam, sina pidato di payuneun relasi sareng kulawarga
ti kalangan etnis cina, pastina oge heunteu ngagem
agama Islam. (bandingkeun sareng pangeling-ngelingna
salah sahiji"taipan" cina sanesna sababaraha taun
kapengker anu diayakeun di Singapura, ondangan ti
Indonesia, naek pesawatna diongkosan bulak-balik).
Tadi enjing, kuring nungkulan hiji acara di FIB UI,
"Seminar Kajian Wacana dalam Konteks Multikultural dan
Multidisiplin". Salah sawios anu biantara teh
Dr.Melani Budianta (etnis cina oge), anu ngadongeng,
pangalaman urang Cina Indonesia anu uih deui ka
lemburna di nagri Cina. Tapi ngarasa kaluman sareng
ngalaman "gegar budaya", margi heunteu ditarima sacara
"penuh" ku urang Cina, sareng heunteu cocok dina soal
kadaharan sareng beda adat istiadatna, sok sanajan
sami-sami bangsa Cina. Aya parasaan sono ka suasana
sareng alam Indonesia.
Hermawan Kartajaya, sok sanajan karuhunna ti nagri
Cina, tapi ngarasa jadi urang Indonesia, kusabab kitu
ngalebur ka alam budaya Indonesia ku cara ngondang
tokoh Islam. Atuh sabalikna aya urang Cina Indonesia
anu balik ka nagri Cina tempat karunna, tapi geuning
heunteu ngarasa jadi urang Cina sagemblengna.
Kaitanana sareng budaya, kamari ieu di babakan KUSnet
rame padungdengan perkara budaya urang Huma pikeun
nyaliksik sosok jalma Sunda dina konteks kaindonesiaan
kiwari, asana teh mani tinggaleun jauh pisan upama
dibandingkeun sareng kasus di luhur.
Tapi keun wae, meureun ieu mah hiji proses, pikeun
"menjadi" urang Sunda anu paripurna.
baktos,
mrachmat Uidipura
anu ceuk kolot mah masih aya kokocoran karuhun Cina
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping