Keur uing belasan taun cicing saimah jeung nini/aki, pabeubeurang balik sakola dititah meuli racun tumila ku Aki uing ka toko cina di Cidurian, tegesna toko kadua saacan walungan cidurian belah kenca lamun ti cicaheum. Aki kuring mikeun duit 1000 perak salambar nitah meuli dua ples, hargana munteu salah 300perak sa ples, duit sesa diancerkeun pikeun ongkos kana DAMRI, tapi kuring indit make sapedah mini harita lumayan jang tatambah jajan es lilin. Sanges nepi kanu toko dituju ku uing, Uing luak-lieuk ningalian eta toko anu warugadna toko kolot anu dijual ngan saukur bako jeung saparakancana, sapu nyere jeung nulaina. Babah cina nanya ka uing butuh naon, ku Uing di caritakeun butuh racun tumila 2 ples, dibikeun duitna dibales ku bungkusan kertas anu jerona racun tumila tea jeung pamulangan duitna 400 perak bari papagah cara makena. Ku uing di tempo jero bungkusan, ukuran plesna sagede ramo cingir jerona cai warna koneng siga minyak kalapa dina luarna di tempelan merek anu aya gambar tumila. jeung tulisan cina, sigana eta racunteh impor meureun.
Teu kungsi 10 menit ngaboseh sapedah nepi ka imah, kasampak si Aki keur moean kasur anu cenah loba kacicingan 'jurig' nyaeta tumila tea di buruan imah nu keur panas mentrang-mentreng. Saples racun tumila di campurkeun kana cau sa gayung trus di kocekeun make gagang awi. koas nu mejeuhna di anclomkeun kana campuran cai racun trus dioles-oles kana sela kasur kapuk, kuring anu milu mantuan Aki ngabasmi tumila nempokeunteu teu kungsi 5menit eta jurig ngabarurial kaluar tina patapaanana trus jaleger teuwalakaya. Kasur diantep dipoe nepika sore bari sakali-kali di keprukan make panggebug kasur tina hoe ngarah bangke tumila bersih tina kasur. Kasorenakuen kasur di gulung dibawa kakamar, dientepkeun dina dipan terus di seprean ku siNini. Dina hate sigana peuting ieumah Aki Nini uing sare talaribra. Kapetingnakeun sabet si Aki lalajo 'Dunia Dalam Berita' si Aki ngarumas deui aya nu nyoco kana tonggong sabet diuk lalajo tipi, Uing anu keur dimkamar di calukan, katanyaan sesa racun tumila anu saples deui. Ceuk si Aki "Isukmah urang sakalian mersihan korsi sanggeus maneh balik sakola!, kade tong kamana karep". "Muhun Pa" tembal kuring bari ngaleos balik deui kakamar ngadengekeun radio. Zaika Distro Muslimah SIK Clothing - Batam RedRocket Clothing & Souvenir 08127721788 0811777130 ----- Original Message ----- From: dudi mulyadi To: [email protected] Sent: Friday, January 04, 2008 9:35 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir Tumila=> gampang atuh Kutan jaman kiwari masih aya keneh tumila ? Biasana tumila teh sok ngendog jeung nyirekem dina korsi hoe atawa sela sela kasur. Cara ngabasmina gampang pisan. Nganggo minyak tanah. Sok sanajan minyak tanah rada sesah dina danget ayeuna, saleresna mah teu kedah seueur seueur peryogina teh. Sacanting ge patri. Carana teh kieu, eta minyak tanah teh gosokkeun kana korsi hoe atanapi juru kasur sing rada juuh. Saparantos lantis, nembe kecrekeun korek api. Teu kedah seueur seueur. Sapentul we cekap. Teras caketkeun kana korsi hoe atanapi kasur tadi, salajengna dialungkeun ka na luhur korsi / kasur tadi. Dijamin tumila bakal seep. Mangga geura cobian. Mung kedah ati ati ulah ka dugi bumi saderek nasibna sapertos tumila Junaedi Tanuwijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pangeran Gogon anu kasep.... gampil atuh hoyong ngusir tumila.....kedah sering ibak geura soalna si "bau" mah resepna kanu bau deui. ----- Original Message ---- From: Pangeran Gogon <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, January 3, 2008 8:04:15 AM Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir Tumila baraya... dupi di kusnet aya nu ngagaduhan pangalaman ngeunaan cara ngusir tumila? kesel pisan tah ka si "bau" teh, komo tah lamun geus nyoco meni ateul pisan. sok atuh ah dibagi pangalamannana ka sim kuring... cag ah, hatur nuhun. ps : kangge kang Junaedi di Menara Global, Peryogi keneh Kumaha Cara Diserang "Tongo"?. wikikikikik. ..... ---------------------------------------------------------------------------- Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. ---------------------------------------------------------------------------- Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. ------------------------------------------------------------------------------ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.

