Kutan jaman kiwari masih aya keneh tumila ?
Biasana tumila teh sok ngendog jeung nyirekem dina korsi hoe atawa sela
sela kasur.
Cara ngabasmina gampang pisan. Nganggo minyak tanah.
Sok sanajan minyak tanah rada sesah dina danget ayeuna, saleresna mah teu
kedah seueur seueur peryogina teh. Sacanting ge patri.
Carana teh kieu, eta minyak tanah teh gosokkeun kana korsi hoe atanapi juru
kasur sing rada juuh.
Saparantos lantis, nembe kecrekeun korek api. Teu kedah seueur seueur.
Sapentul we cekap. Teras caketkeun kana korsi hoe atanapi kasur tadi,
salajengna dialungkeun ka na luhur korsi / kasur tadi. Dijamin tumila bakal
seep.
Mangga geura cobian.
Mung kedah ati ati ulah ka dugi bumi saderek nasibna sapertos tumila
Junaedi Tanuwijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pangeran Gogon anu kasep....
gampil atuh hoyong ngusir tumila.....kedah sering ibak geura soalna si "bau"
mah resepna kanu bau deui.
----- Original Message ----
From: Pangeran Gogon <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 3, 2008 8:04:15 AM
Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir Tumila
baraya...
dupi di kusnet aya nu ngagaduhan pangalaman ngeunaan cara ngusir tumila?
kesel pisan tah ka si "bau" teh, komo tah lamun geus nyoco meni ateul pisan.
sok atuh ah dibagi pangalamannana ka sim kuring...
cag ah, hatur nuhun.
ps : kangge kang Junaedi di Menara Global, Peryogi keneh Kumaha Cara Diserang
"Tongo"?. wikikikikik. .....
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
now.
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.