Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), <http://ppss.or.id> gawé bareng sareng Universitas Padjadjaran, badé ngayakeun deui acara Miéling Poé Basa Indung Internasional, ping 21 Pébruari 2008. Kamari tos ngobrol sareng Kang Ganjar perkawis kagiatanana.
Manawi aya kamandang ti urang Kusnét kinten-kinten kagiatan naon waé nu payus kanggo ngeusian éta acara. Maksad téh supados sanés ngan sérémonial wungkul, tapi aya tapakna. Pangpangna mah supados aranjeunna nu ngaku urang Sunda nyararios basa Sunda. Informasina tiasa ditingal di dieu. <http://ppss.or.id/program-ppss/peringatan-hari-bahasa-ibu-internasional\ -2008/> Hatur nuhun, Dadan Sutisna

