> ongkoh urang teh bade ngariksa basa sunda tapi geuning bahasa
panganteur utama na mamalayuan.(teu konsisten ceuk kuring mah)

Nu basa Sunda-na gé aya, ngan can kabujeng ka-upload. Malah nu éta gé
kénging narjamahkeun tina basa Sunda. Aya pertimbangan sanesna, Kang
Soni, perkawis udagan-udagan ngawanohkeun naon nu keur dilakonan ku
urang Sunda ka balaréa (malah kahoyong mah versi inggris-na gé aya)


> salajengna sateu acan mairan anu langkung tebih deui, kuring hayang
apal tos sabaraha kali kagiatan sapertos kieu diayakeun, nu kuring
apal mah taun kamari parantos dilaksanakeun di UNPAD oge, naon wae
garapan unggal periodeu teh, naha aya "tali anu nganteng".

Kaleresan di hal eta mah abdi teu nyepeng kawijakan. Nu puguh mah,
UNPAD masihan gratis tempat jeung tuangeun. PPSS teu acan kabedag
kanggo nyewa gedong sanesna (upamina di SABUGA).

> Naon gunana lamun nu ngaku urang Sunda nyarios basa Sunda?
Basa mah bebas, Kang Soni. Rek inggris rek Malayu ge moal aya nu
nyaram. Nya kantun dibalikeun we panginten, naon gunana urang nyieun
MILIS KUSNET nu make basa Sunda?

Hatur nuhun,
Dadan Sutisna

Kirim email ke