Ari usulan kuring mah heunteu kongkrit kana
kagiatanana, tapi ngusulkeun ugeran/patokan upama rek
ngayakeun hiji kagiatan.
1. Ayeuna jaman "bersinergi", jadi langkung sae upama
kagiatan teh aya unsur kerjasama sareng pihak-pihak
anu "berkompeten"
2. aya visi sareng misi anu jelas. Hiji kagiatan mun
tiasa mah aya anu diudag kanggo kapayun, aya mangpaat
sareng "kasinambungan" hiji kagiatan sareng kagiatan
sanesna.
3. Jaman IT, kagiatan teh satiasa-tiasa mah
ngamangpaatkeun teknologi modern anu tiasa damel
sacara efektif sareng efisien.
Kongkritna kagiatan naon atuh?
Komputerisasi Aksara Sunda, atanapi ngamasyarakatkeun
"game Jeknyeh", nyundakeun istilah atanapi basa anu
diangge komunikasi sadidinten tapi masih ngangge basa
salian basa Sunda. sareng sajabi ti eta.
baktos,
mrachmat uidipura
--- urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > ongkoh urang teh bade ngariksa basa sunda tapi
> geuning bahasa
> panganteur utama na mamalayuan.(teu konsisten ceuk
> kuring mah)
>
> Nu basa Sunda-na gé aya, ngan can kabujeng
> ka-upload. Malah nu éta gé
> kénging narjamahkeun tina basa Sunda. Aya
> pertimbangan sanesna, Kang
> Soni, perkawis udagan-udagan ngawanohkeun naon nu
> keur dilakonan ku
> urang Sunda ka balaréa (malah kahoyong mah versi
> inggris-na gé aya)
>
>
> Hatur nuhun,
> Dadan Sutisna
>
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ