AYA JALAN KOMO MEUNTAS.

Haturan Kang Rachmat, mugi aya dina kasehatan sareng kabingahan manah.
Sapertos paribasa diluhur, pas akang nyabit-nyabit perkawis "game Jeknyeh", 
meni asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas sim kuring teh, nya 
muhun bade ngadongeng perkawis "game" di www.bolotot.com. peryogi diuninga ku 
akang aya "game" nu tos kaetang mindeng dilongokan ku baraya urang sunda, 
nyaeta game "Robot Bonteng W 0.3 "_ 
http://www.bolotot.com/games/bonteng/bonteng_berseka.html (dilongok kinten2 40x 
dina waktos sasasih). Diantawisna aya Kang Emod, Ujang Carkiwa, Goher, Aing 
jrrd. malihan mah aya nu ngusulkeun sangkan aya "hadiahna" BTN Type 70 cenah, 
he..he.... Kukituna www.bolotot.com boga paniatan satelat-telatna bulan April 
2008 game "Robot Bonteng W 0.3" baris aya hadiahna. Hadiahna 
Naon..he..he..masih dirusiahkeun. 
Kuring bingah pisan pami akang kersa ilubiung di www.bolotot.com, cigana akang 
mah saregep pisan nagkes perkawis "promosi", honorna?..mangga wae teu langkung 
akang sabaraha kinten2-na anu matak walatra+nanjeurkeun sumanget akang, da 
kangge mayarna oge teuacan sayagi..he..he..., nyuhunkeun piduana wae muga-muga 
pamaksadan ieu kalaksanakeun.

Hatur nuhun kana pangrojong ti akang oge wargi urang sunda sadayana.
Wilujeng mapag Taun 1429H.

baktos
sonirosa
www.bolotot.com

  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, January 05, 2008 7:48 AM
  Subject: [Urang Sunda] ugeran ngayakeun kagiatan...... Mapag Poé Basa Indung 
...


  Ari usulan kuring mah heunteu kongkrit kana
  kagiatanana, tapi ngusulkeun ugeran/patokan upama rek
  ngayakeun hiji kagiatan.

  1. Ayeuna jaman "bersinergi", jadi langkung sae upama
  kagiatan teh aya unsur kerjasama sareng pihak-pihak
  anu "berkompeten"

  2. aya visi sareng misi anu jelas. Hiji kagiatan mun
  tiasa mah aya anu diudag kanggo kapayun, aya mangpaat
  sareng "kasinambungan" hiji kagiatan sareng kagiatan
  sanesna.

  3. Jaman IT, kagiatan teh satiasa-tiasa mah
  ngamangpaatkeun teknologi modern anu tiasa damel
  sacara efektif sareng efisien.

  Kongkritna kagiatan naon atuh?
  Komputerisasi Aksara Sunda, atanapi ngamasyarakatkeun
  "game Jeknyeh", nyundakeun istilah atanapi basa anu
  diangge komunikasi sadidinten tapi masih ngangge basa
  salian basa Sunda. sareng sajabi ti eta.

  baktos,

  mrachmat uidipura

  --- urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > > ongkoh urang teh bade ngariksa basa sunda tapi
  > geuning bahasa
  > panganteur utama na mamalayuan.(teu konsisten ceuk
  > kuring mah)
  > 
  > Nu basa Sunda-na gé aya, ngan can kabujeng
  > ka-upload. Malah nu éta gé
  > kénging narjamahkeun tina basa Sunda. Aya
  > pertimbangan sanesna, Kang
  > Soni, perkawis udagan-udagan ngawanohkeun naon nu
  > keur dilakonan ku
  > urang Sunda ka balaréa (malah kahoyong mah versi
  > inggris-na gé aya)
  > 
  >
  > Hatur nuhun,
  > Dadan Sutisna
  > 
  > 

  __________________________________________________________
  Be a better friend, newshound, and 
  know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. 
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 



   

Kirim email ke