Hatur nuhun pisan kana waleranana,
1.diantos ku kuring upload-na.(sakalian rek diajar maca...he..he..).
2.hatur nuhun pisan atuh UNPAD ("Kang Ganjar"), kuring jadi era euy . kudunamah 
nanya teh meureun "Bisa mantuan naon kuring?"
3.He..he.. leres pisan kang 'bebas' kuring oge nyoba ngawangun www.bolotot.com 
make 2 bahasa sunda/inggeris euweuh nu nyaram, arapaleun meureun indonesia geus 
mardika ti tahun 1945. _malah manusa mah cenah ti bareng gubrag ka dunnya geus 
meunang "tjap" mahluk mardika...cenah.
Perkara milis kusnet, saayeunaeun mah keur kuring milis kusnet teh "TERMINAL", 
masing-masing anu ngadon datang boga tujuan sewang2, nya ari aya batur anu 
satujuan meureun bisa jadi lana babarenganana ..he..he.. oportunis kitunya.???

Hatur nuhun.
sonirosa
www.bolotot.com

Urang Mapag Poe Bahasa Indung Yuu....
  ----- Original Message ----- 
  From: urang_cupumanik 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, January 04, 2008 10:51 PM
  Subject: Re Kang Soni: [Urang Sunda] Mapag Poé Basa Indung ...


  > ongkoh urang teh bade ngariksa basa sunda tapi geuning bahasa
  panganteur utama na mamalayuan.(teu konsisten ceuk kuring mah)

  Nu basa Sunda-na gé aya, ngan can kabujeng ka-upload. Malah nu éta gé
  kénging narjamahkeun tina basa Sunda. Aya pertimbangan sanesna, Kang
  Soni, perkawis udagan-udagan ngawanohkeun naon nu keur dilakonan ku
  urang Sunda ka balaréa (malah kahoyong mah versi inggris-na gé aya)

  > salajengna sateu acan mairan anu langkung tebih deui, kuring hayang
  apal tos sabaraha kali kagiatan sapertos kieu diayakeun, nu kuring
  apal mah taun kamari parantos dilaksanakeun di UNPAD oge, naon wae
  garapan unggal periodeu teh, naha aya "tali anu nganteng".

  Kaleresan di hal eta mah abdi teu nyepeng kawijakan. Nu puguh mah,
  UNPAD masihan gratis tempat jeung tuangeun. PPSS teu acan kabedag
  kanggo nyewa gedong sanesna (upamina di SABUGA).

  > Naon gunana lamun nu ngaku urang Sunda nyarios basa Sunda?
  Basa mah bebas, Kang Soni. Rek inggris rek Malayu ge moal aya nu
  nyaram. Nya kantun dibalikeun we panginten, naon gunana urang nyieun
  MILIS KUSNET nu make basa Sunda?

  Hatur nuhun,
  Dadan Sutisna



   

Kirim email ke